Ceuk Uing, ceuk babaturan uing oge jeung ceuk nu gelo....
naha make jeung kudu aya Kartu ciri Urang Sunda nya? sieun teu disebut urang
sunda kitu?
lamun dina ayana saha nu  berhak ngaluarkeunana ?
nya hayang diaku/disangka urangsunda mah ngomong ku bahasa Sunda we...pasti
batur langsung apal saliwat oge yen si eta teh urang Sunda...(sanajan sok
lain oge,kanyataanana mah) tapi apanan Basa teh Ciciren Bangsa cenah...

Da' Sunda mah ngaran seler, kitu oge siga  Islam ngaran agama, di Islam oge
euweuh kartu anggotana apanan...
lamun dina erek oge paling atasnama Organisasi, nyaeta bisa wae KUSnet tea
atawa sakalian atasnama yayasan nya Perceka tea meureun....(tah didieu kudu
menta ijin heula ka pupuhu jeung pangurusna,para kuncens sekalian
heula...lamun diijinan prak jarieun meureun) tah eta ngarana kartu tanda
pengenal organisasi KUSnet meureun...(meureun jeung meureun we da' uing mah
tadina oge ngalelebah pedah tos ngobrol jeung nu gelo),
ari kartu ciri urang sunda mah kudu dipibogana ku sakumna urang sunda atuh
meureun? lamun nu teu boga kumaha? karunya atuh teu kaaku urang sunda?da'
teu boga kartu anggotana.....

Tah tidieu asalna oge meureun, uing ge jadi muter2 posting teh.....tujuan
rek ka bandung muter heula ka jogja he..he....jadi esensi na naon? ah teuing
atuh! (ah keun we kumaha uing, tong ngageunggeureuhkleun nu stress, bisi
siga si mang maya keh'!)

Tah bener ceuk si Kumi(ceuk uing ieu mah, jadi can tagtu bener heu'euh!),
asalna pokok permasalahanana panyarek MJ, lain nyarek ketang eta mah usulan
kanu boga/ ngokolakeun website kusnet.ning.com , sangkan dicirian atawa make
implik2 meureun saeutik mah nyieun baner atawa label yen eta
teh l'ain web resmi KUSnet', kusabab KUSnet boga website anu ngadeg
sorangan, bilih bisi aya sangkaan batur terutama member anyar nu teu apal,
atawa batur luar teu arapaleun...ngarah ngamaphum atawa ngarah nyaho...
tapi NAHA? kalah berkembangna persepsi anggota teh siga nu MJ teh
ngaulahkeun ngaku Sunda?(lain angmeunnagkeun MJ uing mah keur diajar
Objective) heg tengetan heula atuh postingan MJ teh, resapi, pikir
bulak-balik.....ieu mah kalah derrrr dikembangkeun nu lain2, jadi atuh rame,
tapi bae ketang sigana ratingna minggu ieu urangsunda@yahoogroups.com naek
euy (ceuk si kang Ndoell oge) heuheuy deuh siga sinetron wae euy.....

Balik deui ka web si kang maya kusnet.ning.com , eusina uing ge kabita,
matak uing jadi anggotana oge...lebar siah make jeung kudu di delete (di
non-aktifkan)sagala ih, ni pundungan ih...!!, uing mah sapuk deui jeung ideu
si Kumi, kumaha lamun eusi anu aya dina kusnet.ning.com teh ayana
disahandapeun web resmi KUSnet nyaeta disahandapeun
http://www.urangsunda.net/ tea, ngarah web eta langkung euyeub eusina,
tangtuna nambahan oge nu ngariksana, jaba dijerona nambahan forum jeung
blog-blog-an.....
tah uing mah teu satuju lamun kusnet.ning.com nepikeun ka di delete, anggur
sinkronkeun gera sok sina jadi hiji jeung web resmi anu geus aya......

hallah siah ieu teh kamana wae ngomong teh, rek balik padahal mah, kalah
noroweco wae nya?! euweuh kaera, nya akhir kata mah punten lamun aya nu
kasigeung , punten lamun aya nu ka sabit, hapunten lamun dianggap teu sopan
ieu postingan uing...pokona hampura we lah...
anu ngahampura berati urang sunda, nu teu ngahampura burut siah..!!
heuheu....

eh enya, anu keur pagedrug, anu nyungkelit ati belangbayah sok silih hampura
mendingan oge, nya silih maklum we jeung dulur  mah....ulah nepikeun ka aya
gantar kakaitan (padah teu apal siloka tina gantar kakaitan teh naon uing
ge, ah sa pokna we)hihi.....

yu' ah dadah..balik ayeuna mah jadi ti merak menuju bekasi yeuh....


salam baktos,


cepdedentoni
* moal aya jelema anu pangbageurna di milis gankleboy mah, sok taroskeun we
ka Apih  atawa Wa Tito bilih teu percanten mah..!!


On 2/15/08, Silalatu Pajajaran <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   waaaaaaaaaaaaaaaaaahhhhhhhhhhhhhhh SATUJU PISAN SANNNNNNNNNNNNNNNNNN
>
> ----- Original Message ----
> From: Ikin suryakin Bin Tingtrim
>
> tah iyeu aing boga ideu yeuh papasean kudu aya hikmah aing mah nyokot
> manfaatna wae lah ka sunda linglung sia teh ngomong na tong kamana karep
> bari euweuh bukti na ......aing mah boga bukti yeuh aing teh orang sunda
> hahahah....ka saha nungamimitian iyeu perkara teh..
>

Kirim email ke