--- In urangsunda@yahoogroups.com, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Heup! Les....
> 

Sampurasuunn....

Hahaha... kang kumi..., tos lami huisan? hehehe punten ah banyol ieu
mah. Bongan atuda cacariosan teh siga aki-aki umur 125 warsih, leuleus
liat tur wijaksana... wijaksini...., abong kasebut kuncen.

Lain kang, jadi inget anu sok dikedalkeun ku anu dagang di pasar
kaget, cimol meureun ayeuna mah, lamun keur nawarkeun barangna. Kieu
cenah: 
"Wani galeuh, teu wani ulah geuleuh".
resep kana sunda lemes pake, teu resep ulah ngece; kitu oge anu resep
kana sunda kasar pake, teu resep ulah ngece.

Eh kang aki hayang nanya yeuh, ari sunda kasar sarua jeung sunda loma?
Boa-boa sunda kasar teh lain panta-panta dina Basa Sunda, tatapi
leuwih mangrupa salah sahiji varian atawa dialek dina basa Sunda anu
dipake diwewengkon anu tangtu. Lamun enya mangrupa dialek, sigana mah
lain mangrupa masalah dina UUBS jeung panta-panta Basa Sunda, da pan
UUBS jeung panta-panta Basa Sunda mah leuwih loma dina urusan basa
Sunda Priangan.
Enya kitu...?? teuing ah teu apal, da aki mah untuk bisa ngomong basa
Sunda ge. Bener salahna mah duka teh teuing.

Geus ah kang Kumi... bisi jadi matak jadi omong. Mangka aki mah lamun
ngonmong lisan leuwih ti 10 menit sok ngacapruk, nulis leuwih ti 100
kecap sok mahiwal.....


Baktos Aki

KGB------

Kirim email ke