Bagea Kang Soni, 

Pekawis 'cikal bakal' mah Kang Sony, manawi teu tiasa diprediksi atanapi 
direncanakeun kitu bae tapi dina danget ieu oge pan seueur LSM, kempelan, 
paguyuban, koperasi anu atanapi organisasi naon bae  boh anu 'tanpa bentuk' 
kitu deui anu tos melembaga pokokna basisna kamasyarakatan sareng gaduh "idea/ 
idealisme" kanggo kamajengan budaya sunda ku urang patut didukung salila teu 
mempar tina hukum alam (kalebet hukum nyata). Upami Kang Soni tos aktif di 
salah sawios ormas mangga seuseurkeun networking-na sareng organisasi  anu 
sanes, kade ulah haripeut ku alaeun mengkol ka 'politik praktis' da hoyong 
janten bopati atanapi gupernur, ieu keudah panjeg ka tujuan ideal anu langkung 
ageung, lembaga-lembaga nagara anu aya ku eta lembaga tiasa dimanfaatkeun 
kanggo ngahontal cita-cita. Kapitalis oge pan tiasa ngendalikeun pamarentah AS 
malih PBB, tah abdi mah hoyong tiasa ngimpen 'lembaga swadaya sunda' tiasa 
ngendalikeun kaum kapitalis, he, he, he......... 

Sok ah Kang Soni geura der...... bolotot dot com - na teh kumaha cara miguna-na 
Kang? abdi nyobian klak klik klak klik teh seusah pisan duka tah anu sanes... 
robot bonteng... nyeh prot.... kumaha eta teh? 

wassalam
dudi_ss

  ----- Original Message ----- 
  From: sonirosa 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Sunday, February 17, 2008 4:10 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Tumanya Ngeunaan KUSNET


  ...diurang kudu aya hiji lembaga swadaya anu ngajaga tur ngariksa sagala 
sumber kahirupan  urang sunda atawa budaya sunda...

  haturang kang dudi.
  manawi akang terang dina wanci kiwari kinten-kintena lembaga swadaya mana anu 
numutkeun akang tiasa janten "cikal bakal" lembaga swadaya anu saluyu sareng 
maksad seratan akang di luhur.

  hatur nuhun
  baktos
  sonirosa
  www.bolotot.com

    ----- Original Message ----- 
    From: dudi_ss 
    To: urangsunda@yahoogroups.com 
    Cc: [EMAIL PROTECTED] 
    Sent: Sunday, February 17, 2008 7:56 AM
    Subject: Re: [Urang Sunda] Tumanya Ngeunaan KUSNET


    Haturan Kang Gibson, oge baraya sadaya..

    Ti kuring saeutik bae lah,
    Nu kahiji: urang salaku urang sunda, ayeuna jeung kahareup butuh forum 
    kumunikasi keur ngamajukeun sagala aspek kahirupan anu dibungkus ku buyada 
    sunda. Urang sunda ku alesan rasional atawa emosional aub dina milis-milis 
    kasundaan ieu tangtuna boga niat atawa hareupan masing-masing. Pekawis 
milis 
    Kisunda, Urang Sunda, Baraya Sunda, Gang Leboy, malih aya sababaraha milis 
    alit anu sifatna forum komunikasi kapanitiaan, seueur anggotana sami tapi 
    upami ditengetan tangtos anu diwadulkeun rada benten ieu panginten anu 
matak 
    eta milis eksistensina tetep rame sareng dipiara ku masing-masing komunitas 
    anu notabene anggotana eta-eta keneh, siga aya etika atawa konsensus 
    jejer-jejer "tertentu" henteu diposting ka sadaya milis terafiliasi tapi 
aya 
    oge anu sok diposting ka sadayana. Mangga bae eta mah kumaha selera 
    masing-masing anggota, ari kuring pribadi mah ngan miluan Kisunda jeung 
    Urang Sunda bae, di Gang Leboy mah sok aya NUY-na ari Baraya Sunda mah 
asana 
    ampir sami sareng Urang Sunda, postingna seueur pisan. Aya oge milis 
Kisunda 
    mah pan terapiliasi sareng web. sundanet dot com anu langkung ti payun aya, 
    benten sareng urangsunda dot net minanggka kristalisasi ti milis 
urangsunda, 
    aya deui minangka 'perwujudan' dari alam maya ke alam nyata nyaeta yayasan 
    perceka. Hapunten kuring mah sanes kuncen, ngan saukur lauk buruk milu 
    mijah.

    Nu kadua: Perkara pacogregan, ceuk kuring salila manusa hirup jeung 
    bersosialisasi mah pacogregan pasti aya, rek di alam maya kitu deui di alam 
    nyata, eta mah kumaha dirina masing-masing dina ngokolakeun emosi sabab 
    upama urangana bisa wijaksana tangtu loba hikmah anu ka ala, conto nyatana 
    mah aya meunang jodo, bisnis, meunang duduluran, organisasi anu pasti 
    sakabehna mangrupa anggota hiji komuitas anu mawa katemtreman kana hate.

    Ari harepan kuring mah, dina 10 taun nepi ka 20 taun ka harep diurang kudu 
    aya hiji lembaga swadaya anu ngajaga tur ngariksa sagala sumber kahirupan 
    urang sunda atawa budaya sunda. Carana: Dina tahap awal jiga ayeuna, 
sakumna 
    urang sunda kudu aya komunikasi/ silaturahmi/ networking/ wadah anu bisa 
    jadi cukang lantaran keur ngawujudkeun eta lembaga. Ceuk kuring deui, milis 
    mangrupa salah sahiji form kumuniikasi anu efektif jeung cocok keur urang 
    sunda anu paburencay.

    Hampura kuring!

    wassalam,
    dudi_ss

    ----- Original Message ----- 
    From: "Kuncen Cimanuk" <[EMAIL PROTECTED]>
    To: <urangsunda@yahoogroups.com>
    Sent: Saturday, February 16, 2008 11:08 PM
    Subject: [Urang Sunda] Tumanya Ngeunaan KUSNET

    > Sampurasun....
    > Sateuacanna kuring ngedalkeun pamaksudan anu utama, nyaritakeun
    > naon-naon anu dikemu na angen-angen, tiheula sim kuring seja brukbrak
    > y&#277;n sim kuring geus rada lila teu aktif di milis kasundaan, boh milis
    > Urang Sunda, Ki Sunda, nya kitu og&#277; Baraya Sunda, kaasup Gank 
    > L&#277;boy.
    > Kusabab kitu kanyaho kuring ngeunaan: naon ari kusn&#277;t (lian ti
    > kapanjanganana nyaeta Komunitas Urang Sunda di Intern&#277;t), kasang
    > tukang, perjalanan sareng sagala hal anu aya patula-patalina jeung
    > milis kasundaan, kuring teu apal.
    >
    > Kusabab kitu, boh bilih naon-naon anu dikedalkeun ku simkuring teu
    > merenah tur lain dina tempatna, tipayun sim kuring sejak m&#277;ta
    > pangampura ka balar&#277;a, khususna ka para inohong KUSN&#277;T (duka
    > saha-sahana mah). Geus lila sabenerna mah ieu pasualan teh ngancik
    > dina pikiran kuring, tatapi teu dianggap penting pikeun dipersoalkeun.
    > Tatpi kiwari, ku acayana pab&#277;ntar paham antara sababaraha pihak
    > ngeunaan hal ieu, sim kuring jadi nganggap perlu hal ieu diadurenyomkeun.
    >
    > Maksud sim kuring, nya&#277;ta seja tumanya ngenaan:
    >
    > 1) Upami KUSN&#276;T sacara harfiah nyaeta wancikan tina KOMUNITAS URANG
    > SUNDA DI INTERN&#277;T naha sadaya situs umum (web, portal, forum, milis
    > jrrd), anu diwangun kalayan wanda kasundaan tur dijieun pikeun umumna
    > masyarakat Sunda (US) sarta ngemu tujuan pikeun kamajuan jeung
    > kamekaran Ki SUNDA, naha eta situs sareng milis teh tiasa disebut 
    > KUSN&#276;T?
    > 2) Sim kuring salami ieu (duka salah benerna mah) nganggap milis Urang
    > Sunda, Ki Sunda, Baraya Sunda, kaasup Gank Leboy, kitu oge web
    > urangsunda jeung anu lianna anu sajenis, taya lian ti varian tina anu
    > disebut KUSN&#276;T. Naha pikiran sim kuring teh salah atawa hanteu?
    > 3) Sim kuring nengetan dina sababaraha lalayang (posting) di milis
    > urangsunda, sim kuring tepi kana kacindekan yen KUSN&#276;T teh mangrupa
    > "label" (tetelahan, lalandian, ngaran) anu jadi "milik" resmi web
    > www.urangsunda.net ? Hal ieu sigana anu janten kasang tukang yen web
    > anu ngangge label KUSN&#276;T, kedah aya disahandapeun (afiliasi)
    > www.urangsunda.net atawa milis
    > http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/. Naha kacindekan kuring teh
    > salah atawa hanteu?
    > 4) Pikiran dina patalekan-patalekan di luhur, bisa mawa kana
    > kacindekan y&#277;n: milis jeung ramat-loka umum anu pamilonna urang Sunda
    > sarta eusi tur tujuanana madungdengkeun masalah-masalah kasundaan
    > samod&#277;l Ki Sunda, oge Baraya Sunda jeung anu lianna, kudu jadi
    > afiliasi jeung varian tina KUSN&#276;T anu wujud resmina nyaeta
    > www.urangsunda.net. Naha kacindekan kitu t&#277;h bisa dibenerkeun atawa
    > hanteu?
    >
    > Lamun kapandang kuring di luhur bener, kuring rada hariwang bakal aya
    > masalah anu leuwih rongkah batan anu ayeuna dipasualkeun di milis
    > urangsunda. Anu bakal ngarasa kasigeung lain ngan saukur forum anu
    > dijieun ku Mang Maya (?) tatapi sakumna milis lianna anu sajenis,
    > khususna para kuncenna jeung anu ngarintisna; da ari pamilonna mah
    > geuning lolobana mah eta-eta keneh.
    >
    > Sakitu heula ti sim kuring anu laif pangarti, taya pangabisa tur jauh
    > ka bisa disebut wijaksana.
    >
    > Baktos Kuring
    >
    > KGB -----
    >
    > 



   

Kirim email ke