Lamun nyarita tentang demokratisasi dina soal ngagunakeun basa, ceung kuring mah kieu. Saha wae nu rek nyarita basa sunda, rek kasar, rek make undak unduk rek make loma, pek teh teuing. Moal aya nu nyisikudi. Tah ieu ngaranna demokratis dalam berbahasa. Tapi , misalna aya si A nu nyarita kasar ka si B, tuluy si B eta kasinggeung ku caritaan, si A, Terus si B ambek.Kulantaran si B ambek atawa protes, tuluy si A tadi nuduh si B teu demokratis. Tah anu sabenerna anu geus melakukan hal anu teu demokratis teh sabenerna si A. Jadi sabenerna mah teu bisa hiji jalma anu nyarita kasar,atawa loma disebut geus melakukan hal yang demoktratis. Sumawonna oge anu nyarita lemes teu melakukan hal anu demokratis. Perkara demokratis atawa henteu na jalma eta teu bisa ditangtukeun tina caritaan kasar atawa lemesma eta caritaan jalma . Coba tengetkeun conto basa nu dipake ieu.: " Pokokna aing mah moal rek mundur salengkah oge salila manehna teu satuju kana kahayang aing ieu. BIsa manehna kitu, tapi lengkahan heula jasad aing ". Basa nu dipake bisa diasupkeun kana basa kasar atawa loma, tapi eusina ?. Nunjukkeun jalma ieu aya kamungkinan teu bisa demokratis. Sababna, make basa definitive "pokona" ieu. Kuring cangcaya ieu jalma bisa demokratis sanajan basana make basa loma atawa kasar ( Kitu sanes kang Achev maksad teh). Bandingkeun jeung basa nu dipake ieu : "Mangga ayeuna mah nyanggakeun, kumaha pamendak saderek wae. Saupami saderek teu satuju kana pamendak sim kuring, teu langkung. Sim kuring mah moal bade ngiringan kana pamendak saderek. Mangga ayeuna mah napsi napsi wae". Ieu basa , kaasup basa lemes. Sanajan basa lemes ( cenah mah feodal), tapi eusi caritaan eta nunjukkeun hiji kecap anu eusina kaasup jalma nu nyaritana demokratis. Jadi omongan kasar atawa lemesna teu bisa dipake patokan keur nunjukkeun nu make basa eta demokratis atawa henteu demokratisna. Ceuk kang Surtiwa mah domainna beda. Demokratis lain domain basa, tapi domain politik kamasyarakatan. Kumaha cenah, naha basa bisa oge nunjukeun jalma eta feodal atawa egaliter?. Tah nu ieu beda deui. Tergantung timana ningalina. Pamendak kuring mah, ngagunakeun basa anu merenah teh, lain ngan sakadar keur ngahargaan batur wungkul, tapi oge keur ngajenan diri sorangan.Supaya ulah aya nu ngarasa ngunghak jeung diunghak.Tapi lamun masih keneh aya nu ngunghak atawa diunghak sok sanajan make basa nu merenah ( ceuk rarasaan), nya eta mah demokratis wae lah dina palebah dinya mah. Mangga nyanggakeun. Urang napsi napsi wae. Tuh pan upami tos kitu mah kaitanna jadi ngalebaran . Ngalebaran sareng kontek silaturahmi tea, atanapi kontekna sareng mutuskeun babarayaan, atanapi pupusuhan. Nu mawi teu lepat upami aya nu nyebat " basa leuwih seukeut tibatan pedang teh". Ulah helok upami urang hoyong demokratis mah. Punten wae upami janten ngacapruk kieu yeuh . Upami tulisan sim kuring kaluar tina jejer anu dipimaksud ka sing saha wae, sim kuring seja pangapuntenna. Wassalam pun Dudi
H Surtiwa wrote: Keukeuh abdi mah medu ...kana istilah pamakean basa demokratis teh...tidieu abdi anu salah ngarti teh ? Egaliter ? Feodal ? Cik aya anu bade ngabantosan...istilah demokratis teh domain na dimana ? "Bihari, lamun nempo tulisan Bujangga Manik, basa nu digunakeunana t�h d�mokratis, euwueh undak-usuk basa. Kiwari kecap "aing" jeung "sia", anu asli Sunda digolongkeun panghandapna dina undak-usuk basa. Sedengkeun kecap "kaula" jeung "samp�an", kecap injeuman ti basa bangsa s�j�n digolongkeun kana tingkatan leuwih luhur dina undak usuk basa Sunda, henteu d�mokratis."