Independen... naha aya jaminan bakal teu korupsi?
enya bener meureunan amun independent mah euweuh kawajiban jang setor biaya
ka partai, tapina apanan meureunan jang kampanye teh butuh biaya, jang alat
peraga kampanye, oge jang nyieun mesin politik non partai jang nyukseskeun
anjeunna. biayana bisa milyaran... timana? pasti sakumaha independenna pasti
aya sponsorna, tah mun geus kapilih, si calon teh angger weh ngabogaan
hutang ka sponsorna, jadi weh si sponsor teh di gampangkeun sagala itu
ieuna.
terus oge, si independent teh resikona teu didukung ku parlemen, jadi unggal
minggu, unggal bulan bisa di guang gieung ku DPRD, ngarah jempling si
anggota dewan teh partaina di bekelan duit ku kepala daerah. duitna timana?
nya kapaksa kudu nyoceng ti APBD. hehehe...
lieur geuningan nya Pilkada teh...

nya meningan ayeuna mah urang ngadu'a, mudah2an saha wae anu kapilih, nyaeta
anu panghadena tinu harade jeung bisa mawa perobahan wewengkon urang kana
kahadean.

cag ah

-Bohay-
pengamatpulitikcapbeurit


2008/2/15, Agus K PAKUSARAKAN <[EMAIL PROTECTED]>:
>
>   satuju kang tina 3 calon pasangan gubernur jeung wakilna
> goreng kabeh..
> dai geus puguh karasa ayeuna kumaha
> hade iyeu basa sunda oge teu bisaeun paling jadi provinsi bodrek
> aman komo iyeu kalah lieur
> colok pamajikan masing-masing lah
>
> hidup independen
>
>

Reply via email to