Nuhun Bah Willy sim kuring teu ningal surelek2 nu tos ngabahas hal ieu. Aya oge 
carita nu dugi ka ayeuna sim kuring masih milari referensina nyaeta waktos 
jaman Daendels. Enya ge telenges tapi saurna ieu walanda teh salah sahiji 
Gupernur nu sukses ngareformasi birokrasi nu carana langsung naekeun gajih 
pagawe. Tah mun aya nu mahiwal (KKN panginten ayeuna mah) langsung dibedil, 
paling untung dipecat! Mun sim kuring ka Gedung Daendels di Depkeu sok 
ngabayangkeun kumaha tah jaman harita birokrasi cenah nu pasti mah disiplin, 
rapih ti administrasi nepi ka barang pake (pakean nu distrika ngajerepet tea).

Panghasilan pagawe pajeg ayeuna dinaekeun (saleresna mah insentif da gajih mah 
sadaya pagawe nagara mah sarua kumaha golongan sareng masa gawena). Tungtutan 
gawe profesional teh lain beja, pinter bodo moal sarua deui ayeuna mah, nya nu 
masih korupsi mun wani mah kaasup nekat pisan da nu ngawas ge loba pisan lian 
ti  internal oge eksternal (kaasup KPK).  Pagawe pajeg ngawitan dibereskeun ti 
mimiti laporan pajegna oge laporan kakayaan nu nepi ka level tertentu mah 
laporna ka KPK (nu tos nerapkeun birokrasi modern ti panghasilan pagawe nepi ka 
kultur profesional).

Perlu waktu jeung konsistensi, mugi2 we ulah dieundeuk2, diruksak ku urusan 
pulitik.

salam
tirta



 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Tuesday, February 19, 2008 8:01:18 PM
Subject: Re: Reformasi Birokrasi Re: [Urang Sunda] Semangat Reformasi .....

> From: Jalak Pakuan
> Nu jadi faktor cemburu teh kunaon cenah start ti Depkeu pan kabeh pagawe
> nagara ge sarua pentingna. Bener ari bener na > mah tapi praktisna ku
> alesan simpel we sabab tadi tea "amankeun heula nu neangan duit". Terus ka
> bagean satpam supaya > ulah ngamaen2keun urusan kaduitan, tah asup ka
> bagean nu nyekel widang hukum (hakim, jaksa, pulisi). Terus maju ka
> widang sanesna nu tangtos dugi ka widang atikan oge.

Tina memoarna R.A. Martanagara, Bupati Bandung di jaman kolonial nu kungsi
ku kuring di posting :

"Jurutulis gajihna sabulan f 15, mantri f 25, Camat f 100, Wadana f 200
jeung nu NGUMPULKEUN PAJEG f200 DITAMBAHAN PERSENAN. Bupati gajihna
panggedena, f 20.000 sataun. Salian ti eta bupati meunang tambahan nu gedena
gumantung kana legana sawah di daerahna. Bupati Sukapura jeung Garut
masing-masing meunang tambahan f 10.000 dina sataunna, bupati Sumedang jeung
Cianjur meunang tambahan f 24.000 jeung bupati Bandung f 100.000."

Jadi, di Jaman Walanda oge, pagawe pajeg gajihna leuwih tinu sejen, gajihna
malah saluhureun Wadana nu f200 sabab ditambahan persenan. Gajih cukup gede
keur jaman harita, sabab objek nu dipajegna lolobana ukur tanah daratan
jeung sawah wungkul!

Baktos,
WALUYA





      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ 

Reply via email to