Akang,
  sauninga abdi mah sadaya oge sami hartosna mah, kinten-kenten kieu jamanna 
mah.
  GongLi : Bagong Lieur, Landian kanggo AWW ateul, sanes PSK tapi AWW nu resep 
milarian kasengan dunya. Kinten-kinten taun 70-an nelahna teh.
  BonDon : Boneka Donto, sami we hartosna mah, mung nelahna teh diantawis taun 
85-an.
  Teras taun 90-an nelahna teh janten Bayur, duka singkatan tina kecap naon eta 
mah. Mung istilah bayur mah langkung dikenal teh di kalangan barudak jaman 
harita, dianggo ngaistilahkeun ka barudak AWW ABG anu sok liar di Pub / disko.
  Tah pami ucing gering mah nya kitu we kanggo nu teu aleucreug.

Aldo Desatura <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            dear,
   
  kusabab dina laguna kang darso teh nu keur di setel ku pribados ayeuna teh 
sok nyebat2 eta kata2 janten tertarik we rek teurang timana asli wartosan eta 
teh
   
   
  kiyeu laguna kira2 teh
   
  (awewe)
  emak.... 
  kuring meuni nyeuri hate.. 
  ku lalaki jeung awew lobana ampir sa erte 
  kabeh nyebut nyai Bondon
   
  abah  .....
  pedah kuring gandang ginding
  indit isuk balik peuting
  nu nganteurkeun gonta ganti
  nyai sok di sebut Gongli
   
  (lalaki)
  tata ge lamun se jadi awewe
  awak hade rupa hade
  kalakuan oge omat.. omat sing hade
  memang bener awewe tukang ngaluyur...
  lalaki batur digusur nukitu teh disebut Bayur
   
    tata ge lamun se jadi awewe
  awak hade rupa hade
  kalakuan oge omat.. omat sing hade
  memang enya awewe nu balik peuting
  komo mun bari sok triping 
  disebutna ucing geuring

   
   
   
   
   
   
   
   
   
  ===================================
Utamakan... Doa, Usaha, Ikhtiar & Tawakal
===================================
  

                         

       
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers

Kirim email ke