mun ceuk uing...
ti ayeuna keneh kuduna mah geus ngabentuk Panata Calagra.
mun hayang ulubiung, wayahna ari diulem kudu daratang.
ditunjuk jadi Panata calagra kudu daek, malah mah, kuduna mah
nawarkeun sorangan.

tong kaosna wungkul aya tulisan ngajeblag : "Haling ku Aing..."
ari giliran gawe sosial sok nyedek-nyedekeun batur...
tungtungna atuh Panata calagra teh EDED. (Eta deui eta deui),
da puguh euweuh ..

cik nu daraek jadi Panitia ...
ngacung !


-dul-
tukangteuing


--- In urangsunda@yahoogroups.com, "tukangangeun" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> punten ach bade ngrining cacahan heula
> 
> Ngeunaan HBH kumaha mun di sabudeureun bogor weh atuh laju kahiji 
> mereun nu jadi panitia teh tiasa di bantuan ku mahasiswa ti IPB 
sok 
> komo KUSNET nu aya BOGOR mah militan pisan, kawas basa di di bogor 
> sasih sasih kamari jeung na deui urang tiasa kontak ka GENTRA 
KAHEMAN 
> IPB. Laju ngeunaan tempat kumaha mun bade di Kampung Budaya 
> SindangBarang, tapi sok sanaos tempatna rada tebih di kota bogor, 
> teras jalanna rada garinjul tapi aya hiji kaunikanna didinya seur 
> pisan situs-situs paniggalan jaman megalitkum sareng sesa-sesa 
> pajajaran baheula. Laju kadua tah mereun nu apal Tragedi RancaMaya 
nu 
> mana baheula tempatna di wastu badigul teh jadi parumahan elite 
urang 
> batur, tah di Sindang Barang ge bakal kawas kitu kajadianna sok 
komo 
> lahan nu aya 100 hektaran bakal dijadikeun parumahan jeung na deui 
> situs-situs megalikum jeung pajajaran baheula kena oge laju weh 
> jigana sarua jeung ngaleungitkeun identitas SUNDA tea.
> laju ngeunaan budaya buhun samodel nu dipintunkeun di Seren Taun 
> kamari aya Angklung Gubrag, aya Pantun. Jeung na deui si Kang 
Hendra 
> jeung Kang Dudi mah geus deukeut pisan ka pupuhuna cenah mah 
mangga 
> wae mun bade HBH didinya , kahiji jigana teu awis-awis teuing 
nyewa 
> tempatna.  Jadi mun tiasa mah panitiana ulah EDED karunya atuh da 
> piraku budak ngorana arareweuh kawas kamari di Sumedang kudunamah 
> barudak Bandung ngorana sok komo didinya cakeut jeung UNPAD tea 
mah.
> 
> 
> 
> 
> --- In urangsunda@yahoogroups.com, Siddik Wiradireja <cikundul3@> 
> wrote:
> >
> > Para wargi, teu karaos nyerelekna waktos, sasih siam kantun 
genep 
> sasih sareng sabaraha dinten deui, janten kantun tujuh sasih 
sabaraha 
> dinten deui kana waktosna (kabiasaan) ngayakeun Halal bi halal 
wargi 
> Kusnet.
> >   Kukituna sim abdi nyuhunkeun pamendak perkawis ;
> >   1. Naha HBH anu kalima ieu peryogi atanapi henteu diayakeun..?
> >   2. Upami peryogi diayakeun, diwewengkon mana pitempateunana..?
> >       (syaratna kajugjug ti Bandung teu patos anggang ti 
Jakarta).
> >   3. Manawi aya anu kagungan usulan tempat kanggo diayakeunana 
HBH, 
> tangtos anu 
> >       henteu awis-awis teuing.
> >   4. Dintenan diayakeunana naha kaping 4 Oktober 2008 atanapi 
> kaping 11 Oktober 2008 ?,
> >       (peryogi kauninga numutkeun kalender, boboran siam 
ninggang 
> dina kaping 1 atanapi
> >        2 Oktober 2008).
> >   5. Naha ngaleler pangajen ka budayawan Sunda buhun bade 
diayakeun 
> deui atanapi
> >       moal..?, upami bade, aya anu kagungan usul...?
> >   6. Aya anu kersa janten panata calagra...?
> >       (peryogi kauninga janten panata calagra teu aya honorna, 
> estuning mung cap ;
> >       "hatur nuhun"..)
> >   Mangga diarantos waleran sareng usul para wargi sadaya.
> >    
> >   Pihatur
> >   ss
> >    
> >    
> >       
> > 
> > 
> > http://cikundul3.multiply.com
> >   Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
> >   Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
> >
>


Kirim email ke