satuju kang...
emang, anu diandelkeun ku pasangan AMAN kanggo ngaraih suara di Jabar nyaeta
Kang Nu'man jeung mesin politikna, matak kamari Agum meni keukeuh pisan
hayang jeung Nu'man, kusabab manehna rumasa teu nguasai Jabar, enya oge
manehna urut menteri jeung urang sunda. tapina anjeunna tara gerak di
wilayah Jabar.
kunaon kamari embung jeung Rudi??? nya salain neangan koalisi ngarah
dukungan partai leuwih loba (PPP panglobana ngaraih koalisi) nyaeta figur
Nu'man leuwih meyakinkan dibanding figur Rudi. kanyataan yen Rudi turunan
Tionghoa masih bisa jadi sentimen negatif di masyarakat. oge pangalaman
Nu'man janten Wagub, diharepkeun bisa ngabantuan pisan dina pas digawena
pasangan AMAN. jeung rea rea deui alesan anu dipake ku Agum jang milih
Nu'man tibatan Rudi.

oge kuring satuju jeung pamikiran kang Tantan ngeunaan pasangan HADE.
pasangan ieu emang ngandelkeun militansi PKS jeung kapopuleran Dede Yusuf.
PKS hade pisan dina militansina, utamana di Kampus2 ku mahasiswa2 jeung DKM2
di kampus. (padahal maranehna anu nolak politik asup kampus)
Dede Yusuf anu enya oge urang sunda, tapi euweuh kontribusina di Jabar. oge
pasanganna ti PKS, Ahmad, salila ieu anjeunna enya oge kelahiran sukabumi,
tapi manehna loba icikibung di Jakarta, manehna ngawakilan rahayat DKI
Jakarta. oge manehna can pernah aya kontribusina ka Jabar.
teu kaharti, euweuh kontribusi jeung teu cicing di Jabar, tapina hayang jadi
pamingpin di Jabar.
ceuk analisis kuring, PKS salah milih figur calon Gubernur. naha euweuh deui
kitu kader PKS anu cicing di Jabar terus boga kontribusi anu hade di Jabar?
ceuk kuring mah PKS msh keneh boga kader anu leuwih berkualitas tibatan
Ahmad.

kuring oge satuju jeung pamikiran kang Tantan ngeunaan pasangan Da'i. emang
ceuk analisa kuring mah, manehna paling kuat ayeuna teh. komo deui ku
ayeuna, geus aya dukungan ti Yance. ayeuna mah pasangan Da'i kari ngaraih
suara di daerah2 anu kamari Golkar eleh, saperti tasik jeung Depok.

perkawis milih mah, mangga nyanggakeun ka sewang sewangan... bade milin
Da'i, Aman, Hade atanapi Golput???
mangga,,,, teu langkung... nu kuring harepkeun mah anu langkung utami nyaeta
penyelenggaraan Pilkada ieu sangkan damai, euweuh nepi ka parasea komo nepi
ka kontak fisik mah.

cag ah...

-Bohay-
pengamatcapbeurit

2008/2/26, tantanhermansah <[EMAIL PROTECTED]>:
>
>   Bisa jadi, Agum ngarupakeun calon anu paling optimis pilkada Jabar
> ieu. Sabab, mun ninggali tingkat popularitas versi LSI, manehna paling
> punjul. Ngelehkeun artis Dede Yusuf, jeung --komo deui--calon
> incumbent, Dani Setiawan.
> Sigana pilihan eta oge anu ngadasarkeun artis Dede Yusuf milih koalisi
> jeung PKS. Saperti anu geus katinggali, PKS ngarupakeun partei anu
> militansina kuat. Ku bekel popularitas jeung militansi, pasangan Hade
> memang bisa jadi "kuda hitam" anu kudu diwaspadaan.
> Tapi dua calon eta, duka poho, duka geus apal, mun anu disinghareupana
> teh incumbent plus mantan tangtara. Koalisi anu kuat di tingat
> mobilisasi jeung organisasi. Komo deui, Dani, anu didukung ku Golkar
> jeung Iwan ku Demokrat,kaduana gede pisan kapentingan jang
> ngameunangkeun Pilgub Jabar. Hal ieu dumasar kana sababaraha analisis:
> 1. Saha bae anu ngameunangkeun Pilgub Jabar, bakal kasaur ku calon
> presiden tahun 2009. Tah pasangan "Da'I" tangtu kudu meunang, sabab
> ngarupakeun partei pamarentah anu katinggalina, boh SBY atawa JK,
> bakal maju deui di tahun 2009 (sok sanajan konfigurasina teuing kumaha).
> 2. Salaku daerah anu rapet pisan jeung ibu kota, Jabar penting pisan
> "dikuasai" khususna jang pulitik media. Sahingga isu Jabar bisa jadi
> isu nasional.
> 3. engke ditambahan.....hehe
>
> Prediksi kuring, sok sanajan pasangan Aman jeung Hade mibanda daya
> popularitas anu lumayan, tapi ceuk kuring mah can cukup bisa
> ngajadikeun modal jang meunangkeun tarung Pilgub. Militansi PKS anu
> bakal jadi andelan Pasangan Hade jeung warga Muhammadiyah, anu jadi
> basis tradisional PAN, can tangtu cukup waktu 'ngarayu' warga Jabar
> anu sakitu lobana.
> Urang kudu ninggali yen warga Jabar beda pisan jeung Jakarta, boh tina
> komposisi atawa jaringan afiliasi pulitikna. Jadi mun pasangan Hade
> hayang meunang, gawena beurat pisan.
> Aman memang ngabogaan potensi gede. Agum anu populer bari didukung ku
> partei Mega jeung Nu'man anu P3, sigana hayang ngabalikkeun romantika
> pasangan Mega-Hamzah basa jadi presiden. Tapi tong salah, basis massa
> tradisional PPP can tangtu ngadukung koalisi ieu. Hal sarupa oge bisa
> lumaku di basis tradisional PDIP anu ayeuna ngamajukeun Agum. Komo
> deui, samemehna, PDIP Jabar geus ngampanyeukeun calon lain. Naha aya
> jaminan patei anu geus ngabogaan calon sorangan bisa konsisten nalika
> pilihan pulitikna diintervensi pusat, ku sabab atas nama popularitas
> jeung kameunangan?
> Dina hal ieu, ceuk kuring pasangan Da'I kuat pisan. Jaringan birokrasi
> (Da'i) jeung Tangtara (Iwan) bakal ngamaeunkeun peranan anu gede pisan
> dina ngadongkrak ieu pasangan.
> Ayeuna mun ninggali naon investasi anu dipiboga ku tilu pasangan eta.
> tangtu Da'i leuwih punjul. Sabab Agum--sok sanajan Urang Sunda--can
> pernah katinggali ketakna keur US. Basa Suryadi Sudirja ngahirupkeun
> Miss Tjitjih di Jakarta, Agum malah ngarojong Srimulat. (Lain teu
> meunang ngarojong Srimulat, tapi rojong oge atuh miss Tjitjih). Terus
> mun balik deui ka jaman kampanyeu Presiden, Agum ngarupakeun calon
> wapres. Ieu nunjukkeun kumaha pragmatisna Agum jeung saha anu jadi
> dalang manehna.
> Pasangan Hade tangtu kudu ditinggali deui. Komo deui Dede Yusuf. Artis
> anu geus cukup kawentar tur salaku model iklan ieu, can pernah
> kanyahoan boga investasi pulitik di Jabar.
> ***
> Tulisan ieu memang teu bisa kaluar tina tendensi ngadukung hiji calon.
> Tapi paninggalina dicoba tetep obyektif jeung teu niat manggaruhanan
> saha bae anu maca. Bilih bade Golput --saperti ajakan Kang Agus--,
> mangga. Bilih bade ngadukung Hade, oge mangga, sabab pasangan eta
> nendeun potensi. Bilih bade Aman, nya kuma dinya. Da sami bae. hahaha
>
> Baktos
> Tantan
> --analisis sabalangbentor---
>
>  
>

Kirim email ke