> From: "richadiana kartakusuma" <[EMAIL PROTECTED]>
> Sudah saatnya kita ini "OPEN MINDED" apa yang kita miliki (agama) bukan 
> satu2nya pembenaran aspek
>  kebudayaan...bahwa kita ini ada sekarang badalah melalui proses...dahulu 
> ada Prasejarah dengan keyakinannya, lalu
> masa klasikjuga dengan keyakinannya, dan islam dengan keyakinannya.

Leres Ambu, budaya nu ayeuna hasil proses tibaheula keneh, lir ibarat 
numpukeun bata beureum, nu beuki lila, beuki luhur. Teu aya budaya nu 
langsung  "bleg-jleg", sakali jadi. Kabeneran kuring keur maca kumpulan 
carpon Akhmad Bakri (pangarang Sunda kawentar) nu salah sahiji carponna 
nyaritakeun suasana malem lebaran dijaman baheula di hiji Kampung di Ciamis 
(Rancah?)", kieu cenah:

"Barudak bujang maturan kolot di tengah masjid, TAKBIRAN DITABEUHAN KU 
TEREBANG, Luluguna Ki Mukasan, biwirna ngajendol sisig. Nu nerebang kawas 
bari narundutan, awak lenjong ngenca-ngatuhu nuturkeun lagu. Beda jeung nu 
nabeuh dogdog, jaringas pisan eta mah. Dogdog dihompet ku suku kenca, 
leungeun pakupis duanana, awakna reureundeukan kawas nu ngigel"  [ Tina 
carita pondok "Lebaran Poe Jumaah" karangan Ahmad Bakri].

Heuheu .... keur ayeuna mah, rada aneh aya takbiran ditabeuhan terebang, 
dijero masjid deuih. Tapi ieu nunjukkeun alkuturasi budaya, terebang 
(rebana) nu asalna ti Timur Tengah nu "asup" ka lembur urang bareng jeung 
asupna Islam, "dimodifikasi" supaya jadi tatabeuhan nu saluyu jeung ceuli 
urang Sunda, tapi teu kaleungitan identitasna, nyaeta aya hubunganana jeung 
soal Islam. Tanggtu wae aya proses tina rebana "Sora Arab" jadi terebang nu 
ngeunah kadengena ku urang sunda. Prosesna sigana henteu sakeudeung, tapi 
lila pisan, ratusan taun. Lamun diibaratkeun mah, urang teh "ngiuhan" dina 
wangunan "budaya" nu dijieun ti baheula keneh jeung tepi ka ayeuna terus 
tumuwuh. "Wangunan" nu saluyu jeung lingkungan kahirupan urang Sunda.

Jaman robah, ku kamajuan teknologi, Tanah Arab nu tadina "jauh", jadi 
"deukeut". Akibatna "Nu Asli" beuki loba nu nyaho. Mucunghul aya gerakan 
"pemurnian": nu euweuh dina aslina, kudu dipupus dileungitkeun. "Wangunan 
budaya" nu dijieun ti baheula keneh ku para karuhun, rek diruntagkeun. Arek 
diganti ku "wangunan anyar" anu acan tanggtu cocog jeung urang Sunda.

Sora terebang (gembyung) nu halimpu  jeung bedug di masjid dileungitkeun 
sabab cenah euweuh tidituna. Tapi sora jalma nu adzan atawa nu takbiran moal 
satarik sora terebang atawa sora bedug, kabeneran aya produk budaya barat/ 
jepang, Speaker TOA!. Speaker nu dijieun sabenerna lain ditujukeun keur 
sora-sora nu halimpu (saperti musik atawa nu nyanyi), tapi keur nyorakeun 
hal-hal nu penting pisan, saperti kaayaan darurat!. Teu aya "seni" atawa 
"estika" dina sora speaker TOA , teu aya sora "damai",  nu aya sora 
"intruksi" anu garing jeung heuras ......

Meureun ieu salah sahiji contona "wangunan budaya Sunda"  nu arek runtag. 
Urang Sunda arek nuju ka  "budaya sora speaker TOA" : garing, teu boga rasa 
seni jeung estetika ditambahan jeung sora heuras, maksa batur .....

Baktos,
WALUYA












Kirim email ke