Katingali pisan, "pamikiran Brighten"na teh, mani
"bright" pisan atuda.

Dua conto "kasus" keberhasilan pilkada, jigana teu
acan jadi jaminan tiasa ngayakinkeun masyarakat, yen
pilkada teh hiji alternatif anu paling jitu dina
nyejahterakeun masyarakat.

Kuduna mah ditambihan deui keberhasilan pilkada
tingkat provinsi, kasus Gupernur Gorontalo Sulawesi
Utara, Fadel Muhammad, alumni ITB anu tos tiasa
ngangkat darajat provinsi Gorontalo jadi salah sahiji
sentra produk jagong unggulan sa Indonesia.

baktos,

machmat uidipura

--- tantanhermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Sanggeus ninggali fenomena anu aya ngenaan pilkada,
> akhirna aya
> sababaraha urang tokoh anu mimiti nanyakeun deui
> ngenaan relevansina
> pilkada jeung cita-cita nu awal. Di antarana Ketua
> Umum PBNU jeung
> Ketua Umum Muhammadiyyah.  Dua tokoh eta jelas-jelas
> miharep
> pamarentah "ninjau ulang" atawa nengetan deui
> ngenaan Pilkada. 
> Meureun, paninggali dua tokoh nasional eta loba
> sarua jeung urang.
> Ninggali kanyataan pilkada anu ayeuna kajadian, teu
> loyog deui jeung
> cita-citana, nyaeta midangkeun iklim pulitik anu
> leuwih demokratis,
> anu ditandaan ku ningkatna partisipasi publik dina
> milih calon
> pamingpina. Nu aya ayeuna, kalah ka konflik
> horizontal. Antara hiji
> `pendukung' jeung `pendukung' sejen. Salian ti eta
> lobana biaya anu
> ceuyah dikaluarkeun ku para kandidat jang  menta
> atawa meuli dukungan
> ti rahayat, anu—dina pipikiran aranjeuna—leuwih hade
> eta anggaran
> kampanye anu teu saeutik teh, dipake keur nu sejen,
> conto ngomean jalan. 



      
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

Reply via email to