Ngalamun ieu mah...

lamun urang boga 6 milyar... ulah kagok syukur... sumbangkeun kanu bencana..
sumbangkeun ka anak yatim.... sumbangkeun kanu kalaparan... sumbangkeun ka
pembangunan masjid dll....

Atuh beak cenah di bagi bagi wae mah.... ah keun wae.....ngalamun deui we nu
leuwih gede , meunang duit 50 milyar misalna..... heheheh....




On 3/4/08, Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Hatur nuhun kang dud,
> Nerangkeun na meni dugi ka serah-serahna kang.
> Ari anu kalenyepan ku simkuring mah, Tulisan Mrahmat Rawyani teh sanes anu
> kaluar tina ati sanubari siga namah, Margi moal enya aya urang sunda model
> kitu?
> Anu kahartos ku simkuring mah anjeuna teh ngungkapkeun kakesel hate,
> ngadangukeun para pejabat ayeuna. Jeung da kitu kanyataan hate para pejabat
> ayeuna teh geuning. Geus teu sieun deui ku Allah, padahal mun urang sadar,
> Allah tetep mureleng nalingakeun urang timimiti gerak hate nepi ka kalakuan
> nu dipilampah, teu beurang teu peuting, teu nembrak teu nyumput. Moal
> leungit tina pandangan Allah. Termasuk kalakuan anu ku urang dipilampah
> jeung kahadean nudipilampah tetep di kalkulasi ku Allah diitung taya nu
> kaliwat anu bakal dipertanggung jawabkeun di akherat.
> Sok inget kana kalakuan simkuring dina palebah digawe, Kabeneran simkuring
> teh korsina rada baseuh. bagean kontrak proyek jeung kost kontrol. Ari
> perusahaan simkuring bergerak dina ngawangun jeung ngarenovasi kapal,
> fabrikasina aya di Johor-Malaysia. Sedengkeun kapalna datang ti manca
> nagara. rupa-rupa warnanya....Namina oge kapal dulur, najan ngarenovasi
> hungkul nilai kontrakna sok nepi ka Sin $ 11 juta dollar keur proyek salila
> ukur sabulan (kurs na mah pang itungkeun we lah da kalkulator kuring leutik
> angkana teu muat).
> Kontrakna kawilang gararede sabab kapal nu direnovasi na kapal-kapal badag
> jeung loba kapal saperti LPG/LNG, tanker, VLCC nu panjangna leuwih 300
> meter.
> Dina jalan na proyek sok aya tambahan itu jeung ieu kumaha we mun urang
> ngarenovasi imah, kadang hayang ngamodifikasi nu teu perelu pan. Nepi ka
> dina proyek selesai, biaya jadi nambahan. leuwih loba batan nilai kontrak.
> Kadang-kadang sok leuwih nepi ka 20% tina nilai kontrak. Dina hal ieu sabab
> ayana juru nego.
> Tah dina akhir proyek simkuring sok kapeto jadi juru nego jeung client
> sabab simkuring nu ngontrol kos eta proyek. Ngong-ngeng adu regeng, anu
> ujung-ujungna sok aya client nu teu mampu mayar ngeleketek kuring, rek mere
> 5 persen lah, aya nu rek mere 10 persen lah kumaha badagna biaya. Keur
> mimiti mah rada aheng kajadian ieu teh, tapi beuki lila, beuki sering teu
> aneh teuing da kitu meureun gogodana.
> Cing pang ngitungkeun baraya mun 5% tina 12juta Sin dollar? dina sabulan
> hiji kapal, mun sataun sabaraha nya?
> Memang baraya mun ngukur ka kabutuh mah, imah kuring nu di Batam type 36
> can lunas, cicing di malaysia cukup di rumah dinas nu disadiakeun perusahaan
> (tong dibandingkeun jeung rumah dinas DPR nya da eta leuwih alus batan hotel
> bintang 5), mobil nu dipiboga saharga RM5000 proton saga taun 91 (di lembur
> mah moal aya mobil kitu da teu laku). Anak rek sakola pasti kudu siap-siap
> biaya. Komo deui cicing jeung sakola di Malaysia. Sedengkeun ningali gaji
> bet asa teu pantes pikeun juru nego model kuring...(ceuk pikiran hate nu
> keur sombong..)
> Tapi pan baraya, hirup teh ukur ngumbara. Dina hitungan detik hirup urang
> bisa wae berubah, bisa maot, bisa hirup. Bisa beunghar bisa miskin..terus
> pilih ganti. Keur naon atuh meunang duit sakitu gedena ari ladang curaling
> mah? naha aya kanikmatan?
> Berekah...
> Tah eta pan nu dipiharep ku urang teh..??? rek berekah kumaha mun salila
> hirup diudag-udag wae ku kasieun. Sieun katewak polisi, sieun maot memeh
> tobat sieun....wah rea-rea deui we...
> Loba harta loba banda tapi teu berekah, ari geletuk teh tong gede-gede
> dibere diabetes we, cik kumaha? loba duit rek dahar jeung nungeunah teu bisa
> loba, diukur, di gram....
> Loba mobil aya kana 10 na warna warni, dipake nage diakurkeun jeung mun
> make warna baju. Na da ari dipake teh bet ukur hiji geuning. teu bisa dipake
> babarengan.
> Imah sakitu gedena ukur ngaheurinan lembur hungkul, da teu ka ubek
> kabeh...
> Jadi naon nu rek diteangan baraya..??
> Balik deui ka lalakon simkuring. Sanajan kaayaan kuring model kitu, di
> imah teu boga korsi-korsi acan (pedah lain teu kabual) da percuma da moal
> cicing salilana dilembur batur. Cukup ngampar karpet we diruang tengah.
> dibaturan ku tv 21". padahal mun kuring balik ka lembur atawa ka Batam pasti
> wae ateul hayang meuli ieu jeung itu.
> Tah pipikiran "hirup ukur ngumbara" teh kudu diterapkeun dina raraga urang
> babanda. Inget yen urang teh moal lana didunya. Tapi geuning ari dilembur
> urang mah mun aya jelema model kuring nepi ka teu boga korsi-korsi acan, teu
> weleh pada ngaromongkeun. Didieu mah dulur...Chuuu eexxxx we.....euweuh nu
> usil.
> Baraya, Kahirupan kuring model kitu, dianggap kukuring mah hiji anugrah
> anu taya wates wangen na. Sanajan gaji kuring leutik (ceuk ukuran jabatan
> kuring), tapi dina hate aya hiji kabungah anu taya wates wangen na.
> Sababna :
> hiji kuring disalametkeun tina curaling.
> Kadua bisa nganafkahan anak pamajikan ku jalan halal.
> Katilu berekah dina ngamangfaatkeun gaji.
> Ka opat dibere kasempetan ku pausahaan pikeun nga explore kamampuan
> kuring. Sabab sabenerna mah kuring teh pangsiunan "budak angon" waktu keur
> dilembur. Kuring leuwih punjul batan babaturan kuring nu masih nepi ka
> ayeuna masih keneh ngajabat jadi "budak angon" sabab Allah tetep nalingakeun
> jeung ngawaskeun kuring beurang jeung peuting.
> Peupeujeuh ka dulur sadaya, jabatan teh "Amanah" nu kudu dijalankeun jeung
> dijaga ku urang. Masing-masing jalma tangtu ngabogaan "amanah" teu no bodas
> teu nu hideung, teu miskin teu beunghar kabeh ngabogaan "amanah" da geus
> jadi fitrahna manusa.
> Peupeujeuh ka US kasing ka boga ka era, ulah ngerakeun US nya.....
> Ngomong kieu teh ceuk kang dudi oge itung-itung ngingetan diri sorangan,
> mun aya mangfaatna mangga we pulungan.
> wassalam
>
>
>
> *dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
>  Kang, Ceuk kuring mah, lain tobat atuh ngaranna, lamun tianggalna keneh,
> samemeh ngalakukeun perbuatan dosa, diniatan:"Engke we tobatna,lamun
> geuswareg " enjoy". Niat eta, kereteg hate eta, mangrupakeun  kalakuan hate
> anu hakekatna geus nyanyahoanan atawa ngaleuwihan pangawasanana Pangeran.
> Teu rek nyanyahoanan kumaha, lamun niatna kitu mah. Coba saha nu rek
> ngajamin hirup urang bakal rada lila, minimal nepi ka aya kasempeten keur
> tobat heula weh, samemeh maot. Coba lamun  kakara ge eta duit nu 6 milyar
> teh dicepeng, geletuk weh maot. Rek iraha  enjoyna jeung  tobatna.
>
> Loba geuning luang, misalna kabejakeun  aya sepasang  wanita -laki laki nu
> lain muhrimna dalam keadaan bugil cenah di jero mobil di Ancol , kanyahoan
> maot dina jero mobil kulantaran ngisep gas CO.
> Terus aya tukang mabok, tikecebur maot oge, padahal mah awakna
> belekesenteng keneh, ceuk sareatna mah jauh keneh ka bau taneuh.
> Kuring mah yakin, tina dua luang eta, si oknum kasebut, yakin manehna
> nyaho pisan yen anu dipigawena teh   geus ngalanggar aturan , agama, tapi
> terus  keneh dijalankeun , kalayan  diawalan ku  niat, ah  isukan mah moal,
> rek tobat  we. Ieu nu panungtungan. Tapi kanyataanna teu boga deui
> kasempetan pikeun tobat tah.
> Tapi hakekatna anu sabenerna mah manehna teh  geus ngalakukeun perbuatan
> syirik. Naha cenah perbuatan syirik?. Teu rek kaasupkeun kana perbuatan
> syirik kumaha. Pan samemeh ngalakukeun dosa teh manehna geus  "mempertuhan
> diri". Geus nyanyahoanan yen dirina teh bakal pililaeun umurna . Buktina
> manehna nepi ka miboga  kereteg hate . Ah ayeuna mah enjoy we, engke we
> tobat mah mun geus  wareg. Naha pagawean hate kituh teh lain kaasup kana
> pagawean syirik kitu ?. Ceuk kuring mah eta niat teh kaasup kana pagewean
> syirik. Sumawonna oge  korupsi.
>
> Aya kalemahan urang dina sapopoena  ngajalankeun parentah agama . Sigana
> we  ataw a katingalina we  seseorang teh geus ngalakukeun parentah Pangeran.
> atawa ngajauhan larangan Pangeran. Misalna katingalina sok ngalakukeun
> shalat  lima waktu,  geus jadi haji, malah umroh oge tiap usik. mayar zakat,
> sodakoh. Teu kaciri  sok nyembah patung , da lamun kitu katingalina mah
>  geus tangtu kaciri pisan geus berbuat syirik teh.
> Tapi dina hakekatna mah, pagawean eta teh geus gaplah kabeh, euweuh
> hartina upama dikaitkeun kana papadon Allah anu sabenerna mah. Pan cenah
> setiap pagawean teh dinilai ku Gusti Allah teh tina niatna lain?. Niat na
> bener , ikhlas karena Allah, pasti bakal meunang sagala ganjaran anu geus
> dijangjikeun ku Allah. Tapi lamun niatna salah kabehanna ge , gaplah ,
> euweuh hartina.
>
> Padahal sakur pagawean fisik urang teh samemehna diawali ku pagawean hate.
> Jeung deui ari nganilai pagawean hate mah leuwih hese ti batan ningali
> pagawean fisik. Pagawean hate mah bisa kanyahoan ngan ku jinisna sorangan
> jeung ku Gusti Allah. Batur mah moal bisa nempona kana sakur pagawean hate
> mah.Keur jelema  tukang sirik , julid ka batur, dengki plus munafek (
> kabeh pagawean hate), moal hese siga nu berbuat handap asor, sopan santun
> dijaga. Tapi di satukangeun urang, ngajebengan, atawa ngomongkeun urang.
> Keur  jelema anu fasik  jeung munapek mah ( pagawean hate oge), moal hese
> acong acongna shalat unggal waktu,  naek haji sataun sakali, mayar sodakoh
> jeung zakat, tapi  sapopoe jadi malling, meres batur, korupsi dll.
> Padahal sakali deui, sakur pagawean fisik  mah euweuh nilaina  di tingali
> ti na papadonna Gusti Allah ( parentah jeung larangan Allah), saupama  niat
> samemehna geus teu bener. Innamal amalu binniyah . Kitu pan ?.
>
> Katambah tambah make jeung aya paniatan, "ah engke we tobat mah,lamun geus
> wareg ayeuna mah masih  jagjag waringkas kieu mah  moal waka tobat". Coba
> geura lenyepan , naha kereteg hate eta teh geus asup kana kategori perbuatan
> syirik atawa  teu?. Perbuatan syirik teh lain ngan saukur percaya  kana
> benda salian ti Allah miboga kakuatan.Lamun aya nu nyebut kitu, secara
> lisan  ( perbuatan fisik) bener  pisan eta  statement teh. Tapi lamun
> perbuatan hate teu saluyu jeung pangakuan lisanna. Gaplah tah  omongannan
> teh.
>
> Misalna deui oge kasieun ku ti salian sieun ku Allah ( sieun ngalanggar
> atawa sieun teu bisa ngajalankeun parentah Allah) oge geus kaasup  kana
> pagawean anu nyarib nyarib berbuat syirik, Misalna wae boga kereteg dina
> hate, lamun urang teu boga duit  minimal 10 milyar samemeh pangsiun, kumaha
> anak pamajikan aing yeuh. Tah kereteg hate kitu oge  bisa dikategorikeun
> kana perbuatan syirik. Dina hakekatna pan geus "mangeran" kana duit. Hirupna
> tergantung kana duit nu 10 milyar tea. Tina niat eta disusul ku  ngalakukeun
> korupsi, terus deui disusul ku niat sejen deui. "Ah keur tobat mah , naek
> haji we unggal taun,  mayar sodakoh sing  kandel. Eta mah yakin naek hajina
> atawa  mayar sodakohna teh, ambeh kacirina we ku jelema yen manehna teh jadi
> jelema anu  sholeh. Lain karena Allah.
> Hayang kacirina jadi jalma sholeh ku jelema teh hakekatna mah pagawean
> syirik oge tah. Jadi tina hiji paniatan teu bener disusul ku niat anu teu
> bener selanjutna ( teu bener teh  kulantaran lain  niat karena Allah). Pan
> pagawean hate deui wae anu dinilai sabenerna ku Allah mah,pagawean fisik mah
> tergantung kana niat tea lain?.
>
> Jadi kudu ati ati pikeun diri, . Ulah kabongbroy ku pangajakna setan.
> Ah ketang  tulisan ieu mah sabenerna ditujukeun pikeun ngingetan
> diri sorangan  we. Tapi lamun aya mangpaatna pikeun balarea, nya
> Alhamdulillah. Sasieureun sabeunyeureun mugi aya mangpaatna.
>
> Wassalam
>
> *H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
>
>  Enya nya lamun urang kahujanan ku duit milyaran siga kitu...nya eungap
> rek nafas din ajalan anu lempeng..eta milyaran teh bisa ngarobah nasib 1-2
> turunan...tapi dosa..pan dosa tiasa tobat...tobatna engke saparantos
> enjoy....Aah ..haram...enya lamun kanyahoan mah haram ...lamun henteu
> ?..engke we tobatna...Tah ieu anu ngagoda lamun aya hujan milyar....
>
> On 3/3/08, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >   Lamun uing dibere duit 6 milyar, wah, pokona mah rek
> > bebeakan wae "ngawula" kanu merena. Perkara halal
> > haramna, kuma engke wae. Lamun seug dijebloskeun ka
> > hotel pordeo, paling lila oge 5 taun, duit anu
> > dibalikeun deui 5 milyar. Masih aya sesa samilyar.
> > Lamun neangan banda pakaya salila lima taun can tangtu
> > meunang samilyar.
> > Harga diri?
> > walah, anggota yang terhormat wae meunang
> > mangmilyar-milyar ti BI, harga dirina jadi leuwih
> > mahal. Buktina can aya sahiji-hiji acan anu ditangkep.
> >
> > baktos,
> >
> > mrachmat uidipura
> > masih "ngimpi" keneh yeuh.
> >
> > __________________________________________________________
> > Never miss a thing. Make Yahoo your home page.
> > http://www.yahoo.com/r/hs
> >
> >
>
>
>  ------------------------------
> Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! 
> Search.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51734/*http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping>
>
>
>  ------------------------------
> Never miss a thing. Make Yahoo your 
> homepage.<http://us.rd.yahoo.com/evt=51438/*http://www.yahoo.com/r/hs>
>
> 
>

Kirim email ke