tambihan

>kedah timana ngawitanana,

ngadamel heula saung/wangunan paranti nyimpen tanaman hiasna.
konstruksina tiasa sadayana tina awi. nami gayana green house.
dindingna tiasa ku kawat. suhunan ku nu transparan, plastik,
policarbonate, jsb. di lebetna, ngadamel paratag tina awi kaci paranti
nyimpen pot kembang. tiasa niron nu tos aya-tina majalah flora siga
trubus atanapi moto di cihideung. pasihan wadah cai/bak paranti
nyebor/selang. pasihan panto. upami kembang nu awis bin mahal mah-siga
anturium jemanii atawa wave of love, jsb, wayahna unggal sonten angkut
ka garasi, da sok aya kasus dipaling.


 timana bibitna,

ti tukang ngabibitkeun kembang atanapi tukang kembang sanes. tiasa
meser di cihideung.

mj
minantu tukang kembang



Kirim email ke