Numutkeun sababaraha embaran anu kantos dibaca mah, perkawis E. sakazakii teh
memang balukarna tiasa parna. Ku kituna, industri susu formula ngalarapkeun
baku/standar anu tangtu pikeun ngantisipasi ieu hal.

Lajeng, lian ti di industrina, urang peryogi pisan waspada kana kamungkinan
kontaminasi nalika eta susu tos aya di leungeun urang. Misalna bae urang
meser susu sakilo, lajeng dibuka, dianggo dugi ka seepna. Tah sapanjang
dibuka dugi ka seepna teh ageung pisan kamungkinanana katepaan kuman, komo
upama urangna sagawayah, henteu beresih. Aya nu nyarankeun supados ninyuh
susuna nganggo cai panas supados sakalian maehan kumanna. Memang leres
kumanna (mun aya) paeh, tapi zat2 gizi dina susu ge ku panas mah jadi ngilu
ruksak. Jadi, nu penting mah urang pas ninyuhna beresih, nyimpen susuna dina
wadah anu beresih, mun perlu mah dina kulkas (anu beresih), sareng satiasa2
ninyuh susu teh ngadadak saperlueun budak. Soalna pami ditinyuh teras rada
dilamikeun teu langsung dileueut, angeung pisan resiko kontaminasina. Tos
kitu mah, bismillaah we...

On 3/5/08, solihin yusuf wrote:
>
>   Cik atuh nu.. ...eh..
> Muhun eta teh kumaha ? geuning jadi teu pararuguh
> Pun anak nembe dua taun, tos teu asi memang nanging
> ti saprak aya warta ayana bakteri sakazaki dina susu formula,
> kuring jadi hariwang
> pun anak teh ti mimiti genep bulan eta ngenyotna susu formula
> embungeun ASI dugi ka kiwari make susu formula
> Nu leres kumaha eta teh? Ahli gizi
> manawi aya nu tiasa maparinan bongbolongan
>

Kirim email ke