Sok rajeun, ngahaja ka masjid sakalian pangajian ngobrol jeung ustad,
jeung marbot, jeung tatangga. rumasa teu boga ilmu agama, sok resep
jadi pangrangu.
hiji mangsa, aya nu nanya ka ustad, "saatna nagara Islam ditegakeun di
ieu negeri. Komo ummat Islam teh apa panglobana di Indonesia teh.
Tegakkeun syariah..." cenah heuras. nya ustad teh ngabejerbeaskeun
macem-macem pamerentahan, piagam madinah sagala we dibahas.
Kuring ngan ukur nyerengeh, " Heu..heu kumaha ieu rek ngadirikeun
nagara Islam, masjid sakieu legana ngan aya tiluan jamaahna?"
Ke lah, mun unggal masjid geus padedet ku jamaah unggal waktu sholat
wajib, siga jumaahan, urang bahas soal eta...

punten teu nyambung..



--- In urangsunda@yahoogroups.com, "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > From: Dadi Kurniadi 
> > Punten ah bade ngalungkeun pemahaman tentang demokrasi ti milis 
> tatanggi kanggo nambih wawasan, Tapi punten teu di 
> > terjemahkeun,....
> 
> Hatur Nuhun Kang. Tapi kuring mah moal ngomentaran kana artikel ieu, 
> sabab sigana ieu mah geus ngait kana masalah KAYAKINAN. Ari 
> KAYAKINAN mah hese didiskusikeunana, da lamun geus kitu, nya kudu 
> kitu.  Sabenerna langkung sae lamun Kang Dadi, Kang Tessar atanapi 
> nu sanesna nu gaduh aspirasi politik Hizbut Tahrir, aya hadena 
> ngabentuk Partey nu ngiringan Pemilu supaya aspirasi Kang Dadi, Kang 
> Tessar jrrd kawakilan di Parlemen Indonesia (DPR). Ari teu ngiringan 
> Pemilu mah, aspirasi ieu bisa kapendet. Aspirasi nu kapendet bisa 
> nimbulkeun masalah engkena. Sareng deui ieu hiji-hijina cara nu SAH 
> di nagara Republik Indonesia, lamun bade ngaganti sistem pamarentah 
> atawa malah ngaganti kontitusi (UUD). Diluar cara ieu, bisa dianggap 
> makar (barontak).
> 
> Manfaatkeun demokrasi Kang! keur aspirasi akang. Da Hiztbut Tahrir 
> oge, tadina markasna di nagara demokrasi, Inggris. HT, umumna teu 
> ditarima di nagara-nagara Islam di Timur Tengah, sabab HT hayang 
> ngahijikeun nagara-nagara Islam, ieu berbenturan jeung NASIONALISME 
> nagara-nagara Islam sorangan. Para tokohna  "lalumpatan" ka nagara 
> Eropa nu nganut faham demokrasi jeung faham kabebasan berpendapat.
> 
> 
> Baktos,
> WALUYA
>


Kirim email ke