"nyaetaaaaaaaaaaaaaaaa kitu si Jay mah lah ari geus nyangkut2 HBH teh kalah
sok api-api teu maca postingan..!!"ceuk si Adud nu ngarongkong cireng bari
terus ngaleos deui weh.....


-ts-

On 3/13/08, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   "Jay.."
> "..."
> "Jay !"
> "..."
> "Jaaaaay !"
> "Euy !"
> "meni bolot ih, di geroan teh kalah ka cicing wae.."
> "Saha ?"
> "Maneh !"
> "Owh..enya.."
> "Naon nu enya ?"
> "Enya, eta.."
> "Naon ?"
> "Teuing atuh..ari maneh ngomong naon kitu ?"
> "Puguh teu ngomong nanaon.."
> "Enya, maksud uing ge kitu"
> "Ih, kamana wae nyarita teh. Lain jay, uing rek nanya,
> ari taun ieu Kusnet rek ngayakeun HBH moal nya ?"
> "Teuing atuh.."
> "Teu apal ?"
> "Teu.."
> "Naha ?"
> "Ah, di lembur ge caricing wae ari diajak ngomong HBH teh.."
> "Kungsi kitu maneh ngajakan ?"
> "Henteu.."
> "Yeeee, puguh we atuh caricing mun teu diajakan nyarita mah.."
> "Enya uing mah henteu, tapi batur kungsi ngajakan."
> "Trus ?"
> "Naon ?"
> "Kumaha tanggapanana ?"
> "Tanggapan naon ?"
> "Enya, tanggapan batur soal HBH ?"
> "Ih ari maneh, puguh caricing wae !"
> "Naha nya ?"
> "Teuing atuh.."
> "Jigana geus teu daraekeun Kopdar meureun nya ?"
> "Boa..."
> "Jigana geus teu daraekeun HBH meureun nya ?"
> "Boa..."
> "Jigana geus teu daraekeun paranggih meureun nya ?"
> "Boa..."
> "Ari kitu mah jigana bohong ..."
> "Saha ?"
> "Batur..."
> "Kumaha kitu ?"
> "Enya, nu nyebutkeun aya getih goib sunda teh.."
> "Boa atuh..."
> "berarti bohong hayang manjangkeun bulu irung teh.."
> "manjangkeun silaturahmi meureuuun.."
> "Eh enya, eta.."
> "Boa atuh kitu.."
> "Boa-boa wae....boa-boa maneh ge kitu .."
> "Boa.."
>
> -dul-
>

Kirim email ke