Keur nambah wawasan,  yen sabenerna aliran Wahhabi di Arab Saudi (oge di 
nagara teluk sejenna) MOAL BISA AKUR jeung ide Kekhalifahan model Turki, ieu 
kasang tukangna meunang  mulungan ti sababaraha sumber (Kanu langkung 
terang, punten dilereskeun):

Jazirah Arab kaasup Mekkah jeung Madinah, di abad ka 18 (1700'an) asup 
kakawasan Khalifah Turki Usmani/ Ottoman.

1740 : Muhammad bin Abdul Wahhab nyusun buku kontrovesial, nu nandakeun 
dimimitianana gerakan Wahhabi.
1744 : Mohammad bin Saud, pangawasa Ad-Dariyah ngalakukeun sumpah aliansi 
jeung Imam MUhammad bin Abdul Wahhab keur "ngaislamkeun" deui jazirah Arab. 
Abdul Azis, anak Mohammad bin Saud, dikawinkeun ka anak awewe Imam Muhammad 
bin Abdul Wahhab.
1802: Pasukan Wahhabi ngawasa Mekah dan Medinah, tapi akhirna ditinggalkeun, 
rek nundukkeun heula suku-suku Arab nu sejen.
1802: Haji Miskin, Haji Abdur Rahman jeung Haji Muhammad Arief  urang Minang 
balik ka  Minangkabau bari mawa paham Wahabi ekstrim di jaman pemerintahan 
Yang Dipertuan Sultan Muning Alamsyah di Kesultanan Islam Pagarruyung (Tilu 
Haji ieu nu akhirna mucunghulkeun Perang Paderi).
1804 : Pasukan Wahhabi ngarebut deui Mekkah
1810 : Sultan Turki Ottoman (Khalifah) nitah Pasha Mesir, Muhammad Ali, 
numpes "gorombolan" Wahhabi di Mekkah
1812: Mekkah direbut deui ku  Turki Usmani. Abdullah bin Saud, pamimpin 
Wahhabi ditewak dibawa ka Istambul. Terus di "diarak" ngurilingan Istambul 
saencanna dihukum pati di Gerbang Hamayun.

Kakara di taun 1920'an *) ,  kulawarga Saud jeung gerakan Wahhabi bisa 
"ngusir" kakawasaan Khalifah Turki Usmani ti Arab Saudi, bari dibantuan 
tantara Inggris nu dipimpin ku "Si Lawrence ti Tanah Arab" (Lawrence of 
Arabia).

*) Di taun-taun eta uyut kuring munggah haji. Salah sahiji dongengna 
nyaritakeun yen di Mekkah teh dar-der-dor ku sora bedil, loba kaributan. 
Ngan tangtu we uyut kuring mah teu ngatieun aya kajadian naon.


Baktos,
WALUYA 

Kirim email ke