Tah lamun mairan siga kieu ..jelas....alias..jentre...alias..herang
..kumargi nyebatkeun *statement awal* anu penting pisan  nyaeta....

"Pami *saur *ahli tafsir, Prof.Dr. Quraisy Shihab dina bukuna "Membumikan
Al-Quran",
Al-Quran teh lir ibarat inten mangpirangpirang sudut (naon sundana nya?) anu
tiap2 sudutna......"  lajeng ah...onward...


On 3/24/08, solihin yusuf <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    mairan ah ....asalna seueur faham....
> Pami saur ahli tafsir, Prof.Dr. Quraisy Shihab dina bukuna "Membumikan
> Al-Quran",
> Al-Quran teh lir ibarat inten mangpirangpirang sudut (naon sundana nya?)
> anu tiap2 sudutna
> mancarkeun cahya mun disorot. Cahya nu kaluar ibarat faham nu kaluar
> tina urang cara mahamkeun kana Al-Quran.
>
> Tangtuna oge dina mafahim Al-Quran teh make akal. Ari akal teh eta
> mngrupikeun alat
> kanggo mahamkeun kana Al-Quran.Tapi nyaeta teu sambarang jalmi tiasa
> nafsirkeun
> sakahayang akalna kudu ahlina.
>
> Akal keur urang nu awam mah nya sakadar mun dijelaskeun ngarti naon nu
> dijelaskeun
> da nu te boga akal mah dibere penjelasan ge moal ngarti2. Dina syarat2
> wajib rukun Islam salah sawiosna
> kudu boga akal teu gelo.
>
> Sistim Narima faham, diantawisna,
> Dina ajaran Islam aya sistim isnad(runtuyan jalmi nu ngariwayatkeun) dina
> hadits jeung Quran
> di antara tiap generasi aya sisitim guru(asatidz) murid(talamidz)
> anu ngalahirkeun ulama2 anu mawa pamahaman guru dugi ka eta faham teh tepi
> ka urang.
> Tah urang make faham nu mana?
>
> Sahenteuna urang pasti tiasa faham saperti ayeuna pasti ngaliwatan guru
> sakurang2na nguping ti guru/ajengan/kiyai
> jeung  maca buku nu disusun ku ahlina nu saluyu jeung faham urang
> Pami zaman Nabi Saw aya nu
> liwat sohabat Abu Bakar ra
> liwat  sohabat Umar ra
> liwat  sohabat Usman ra
> Liwat sohabat Ali ra
> liwat sohabat Abu Hurairoh jlld
> masing2 gaduh murid...murid jeung ... murid dugi ka urang
>
> Naon Sababna ulama2 kapungkur dugi ka ayeuna nyieun pasantren jeun nyusun
> kitab2?
> numutkeun pamanggih sim kuring taya lian kanggo nurunkeun pamahaman ka
> murid2na
> ngaliwatan conto nu katingali sapopoe di lembaga pendidikan/pasantren
> jeung ageman anu diajarkeun langsung ngaliwatan kitab2.
>
> Janten urang teh narima hiji faham tina nguping sareng maca jlld
> Naon ka kuping kuurang ti guru atanapi nu dibaca
> numawi eta nabi saw diajarkeun ku guru mantena nyaeta Malak Jibril as
> tetep make guru teu sagawayah...
>
> Aya sababaraha rupi cara transper riwayat & faham, diantawisna :
> Al-sam'u (ngadangu langsung), ijazah jlld
> di zaman kiwari mah tos pacampur terkadang urang maca sorangan nafsirkeun
> ku sorangan
> bari teu ngaliwatan maca/faham ti guru
>
> Numutkeun riwayat Imam Syafi'i samemeh ngadegkeun madhab sorangan guguru
> heula
> dugi ka ratusan malih aya nu rebuan
> Aya kitab "al-Kamal Fii Asmair Rijaal" eusina runtutan ngaran perawi
> hadits numutkeun
> abjad hijaiyyah kurang leuwih aya 500 rebu ngarang ulama ti zaman Nabi
> dugi ka abad
> mun teu lepat 10 Hijriyah.
> Sistim talaqi elmu agama antar ulama terus2an tepi ka urang
>
> Ti Tanah Arab dugi ka urang ngaliwatan mangpirang-pirang zaman, budaya,
> sistem pulitik, adat, jlld
> anu mangaruhan cara urang mahamkeun kana sumber ajaran.
> Nu jelas Dua nami utama kitab suci umat Islam nyaeta:
> 1. Al-Quran anu hartosna bacaan. Ieu ngandung hartos urang kudu daek maca
> jeung maca..
> 2. Al-Kitab anu hartosna tulisan. Ieu ngandung hartos urang kudu nulis
> jeung nulis..
> terus pilih nu panghadena ....
> tos ah ... mani leneng ieu sirah...heuheu.. solat magrib heula ah
> hatur nuhun
>
> sy
>
>
>
> ----- Pesan Asli ----
> Dari: H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]>
> Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
> Terkirim: Senin, 24 Maret, 2008 11:28:40
> Topik: Re: [Urang Sunda] Demokrasi
>
>  Tah ieu kakara JENTRE..anlisa ...analisa.. .sanes qoloqium ngutipana tina
> khilafah.com. ..
>
> On 3/19/08, tantan hermansah <sariak.layung@ gmail.com<[EMAIL PROTECTED]>>
> wrote:
> >
> >   Neruskeun ah.
> > Kieu: mun urang dibacakeun al Qur'an, cing supaya bisa paham make
> > instrumen naon? Akal, pan. Da anu teu gaduh akal mah, urang terang, saha.
> > Urang leuwih jentrekeun: mun aya ulama anu kasohor, maca tur nerangkeun
> > al Qur'an, cing hasil penjelasana ngagunakeun naon? Akal pan. Jadi
> > sabenerna, produk akal anu dipake ku urang.
> >
> > Akang-akang anu di luhur nyebut-nyebut kudu Islam, kudu Qur'an, tapi oge
> > keukeuh ngutip pandangan tina khilafah.com,
> > berarti sabenerna mah make produk akal urang HTI tea. Inget, pamikiran
> > ti HTI oge can tangtu ngarupakeun Islam. eta mah tafsir. Sami jeung urang
> > muhammadiyah, NU, Persis, nafsirkeun ayat.
> >
> > Tapi eta memang kaunggulan al Qur'an (tangtu oge Islam di lebetna), di
> > mana ngahalalkeun --malah ngakudukeun ngagunakeun instrumen ciptaan Allah
> > anu maha hebat--akal keur nafsirkeun satiap Kalimah Allah....
> >
> > hehehe.
> >
> >
> > On Tue, Mar 18, 2008 at 3:36 AM, sonirosa <[EMAIL PROTECTED] net<[EMAIL 
> > PROTECTED]>>
> > wrote:
> >
> > >   Élmu tungtut dunya siar,
> > > hadé turut goréng singlar,
> > > mun korupsi burut siah..!!!
> > >
> > > cobi diemut deui, pami kang emod atanapi wargi akang burut padahal
> > > tara korupsi....
> > > atanapi kuring burut (gede pisan deuih..), padahal teu korupsi
> > > (ngakuna mah he,,he..)
> > > piraku wae akang tega :-(
> > >
> > > kumaha pami kieu:
> > >
> > > Élmu tungtut dunya siar,
> > > hadé turut goréng singlar,
> > > mun amanah matak genah..!!!
> > >
> > > baktos
> > > sonirosa
> > > www.bolotot. com <http://www.bolotot.com/>
> > >
> > > ----- Original Message -----
> > > From: Emod Morales
> > >
> > >
> > > Élmu tungtut dunya siar,
> > > hadé turut goréng singlar,
> > > mun korupsi burut siah..!!!
> > >
> > > Daék burut salelembur, uing lain koruptor !
> > >
> > >
> >
> >
> >
> > --
> > tantan hermansah
> > www.tantanhermansah .co.nr <http://www.tantanhermansah.co.nr/>
> >
> > "jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
> > --siliwangi- -
> >
> >
>
>
>
>
> ------------------------------
> Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo!
> Answers<http://sg.rd.yahoo.com/mail/id/footer/def/*http://id.answers.yahoo.com/>
>
> 
>

Kirim email ke