> kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Teu sapuk, Bah... nu sugema mah lain Walanda jeung rahayat, tapi 
> Walanda jeung para Menak/Priyayi. Rahayat mah pejet we nu aya.

Aya Kang Kumi, urang Sunda nu mawa sugema walanda, tapi oge mawa 
sugema ka Rakyatna. Pangeran KOrnel jeung Pangeran Suriaatmaja 
contona. Dua urang bupati Sumedang ieu, satia pisan ka Walanda. 
Pangeran Kornel malah kungsi "Titip Salam" ka Ratu Walanda, 
dihareupeun urang Inggris, nu naklukkeun walanda, tepi ka urang 
Inggris nu ngadengena ngahuleng [ Tingali dina buku NOvel Sajarah 
Pangeran Kornel, Memed S]

Ceuk bukuna Nina Lubis, Pangeran Suriaatmaja, nu loba jasana dina 
ngawangun Sumedang, teu resepeun ka gerakan-gerakan nasionalismeu 
asup ka Sumedang. Tapi sanajan kitu, urang Sumedang moal mopohokeun 
jasa-jasa anjeunna dina ngaronjatkeun harkat hirup urang Sumedang.

Baktos,
WALUYA




Reply via email to