Baraya,
kuring boga cerita.

kacaritakeun di tempat gawe kuring, karyawannateh multi etnis jeung multi
ras.
kuring kataji ku babaturan gawe anu "keturunan" tionghoa.

salahsahijina ngarana Danny Tanurahardja. teuing ngaran cina na mah naon. :)
manehnamah lamun nulis atawa nyieun catetan dina buku teh sok diusahakeun
make huruf kanji. salian ti eta, manehna oge lancar ngomong basa mandarinna
teh. padaha umurna karek 24-an taun.

terus deui ayeuna aya barudak anu keur magang ti Univ. Trisakti. Amoy, meni
marontok. he..he..he..
kamari aya hiji budak anu balikna sore, pas ditanya "naha can balik?".
"Arek les", cenah jawabna teh.
"Les naon, les piano ?"
"Lain, les Mandarin".

Les Mandarin baraya,
Cikan, aya teu barudak urang anu "Les Basa Sunda" ?

Kirim email ke