enya di lembur uing ge: parako teh sayang hawu alias wadah lebu,
numatak sok dipake ngising ucing; ari paraseuneu para luhureun hawu,
sok dipake neundeun lauk asin, bako mole jeung sajabana. (mh)


On Thu, Apr 3, 2008 at 1:10 AM, dudi herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> ke ke punten yeuh kuring rek nanya. bisi ieu mah pemahaman kuring salila ieu
> salah.
> naha enya paraseuneu teh parako? salila ieu mah kuring nganggap parako teh
> wadah hawu, sayang hawu. kunaon hawu diwadahan? saperti nu ku urang pada
> terang baheula mah lante imah teh lain tina tembok atawa batu tapi tina
> t(p)alupuh atawa papan. jadi supaya seuneu teu kamamana diwadahan parako.
>
> ari para seuneu, jiga para imah.. ayana di luhureun hawu. biasana mah sok
> dipake keur ngunun jagong supaya gancang garing jeung tahan lila
> (diawetkeun).
>
> nambih: ngaran parako pernah jadi aran sejen embah jayaperkosa (salasaurang
> tina 4 kandaga lante pajajaran nu nganteurkeun makuta ka sumedang). lain
> embah parako tapi embah sayanghawu.
>
> sugan jeung cenah,
> d
>
> On Wed, Apr 2, 2008 at 4:28 PM, Akhmad Gunawan <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> >
> > mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >
> >
> >
> > Urang kawitan
> >
> > Eusi dapur
> > Hawu
> > Paraseuneu ----> Parako
> > Goah
> > Jojodog-dingklik
> >
> > Nu tina awi
> >
> > Hihid
> > Boboko
> > Ayakan
> > Tetenong
> > Telebug
> > Besek
> > Pipiti
> > Tampir
> > Nyiru
> >
> >
> > Nu tina batu
> > Jubleg
> > Cowet
> > Mutu
> >
> > _
>
>
>
> --
> d-:
> ~karék cénah~ 

Kirim email ke