Bah, punten ieu sanes soal bom + pilkada, tapi soal
jalan umum pangalaman mulang ka lembur (Kadipaten)
dina dinten Saptu tgl. 12-04-2008, kuring ngalangkung
ka Sumedang, lembur bah Willy tea. Tos lami bah kuring
teu ngalangkung ka Sumedang, panungtungan teh nyaeta
waktos bade lebaran. Kulantaran lami teu ngalangkung
ka Sumedang, waktu bade ka lembur, jalanna
ngalangkungan terminal Sumedang, da pas jalan nu
"lurus" ka kota, aya tanda perboden (nyatanya perboden
teh ukur ka angkutan umum). Mun teu salah tingali nami
jalanna Geusan Ulun (mung duka jl. Geusan Ulun teh nu
ka Terminal atanapi ka Sumedang kota). Tapi nu jelas
jl ka terminal "RUSAK BERAT", deudeuh teuing Bah. Ku
naon nya diarantep kitu. Jalan ka Kadipaten oge seueur
nu ruksak. Kitu deui jalan di Cijelag nu ngalangkung
ka Cikamurang arah ka Subang, bener-bener ruksakna
teh.
Mudah2an Gubernur enggal tiasa enggal ngahadean
jalan-jalan anu raruksak.
Wangsul deui ka Jakarta dintenan pilkada, atuh teu
pati macet, cukup "lengang" jalanna. Di pasar oge
(pasar Kadipaten) jarang nu icalan.

Baktos
JT


--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Stop heula perkara soal Pilkada jeung gubernur. Aya
> beja tadi beurang, 
> cenah  aya bom molotov dialungkeun ka kantor DPD PKS
> Kabupaten Bandung 
> di Kopo/ Katapang Bandung. Duka gara-gara Pilkada,
> duka gara-gara 
> naon, teu acan jelas bejana. Mudah2an lain nanaon,
> supaya Bandung 
> jeung jabar tetep tengtrem ....
> 
> Wartosna aya dina detikBandung.Com atawa
> Tribun-jabar online.
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> 


      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ

Kirim email ke