Ka baraya sadayana, si kuring neda pidu'ana, keur kuriak yeuh. Ah, lain imah
si kuring, imah anak jeung indung budak. Si kuring mah meureun ngan ukur
mihape sare.

 

Senen kamari dimimitian, ngagali pondasi. Ari kavlingna di komplek
grahapuspa, cihideung, kuloneun lembang. Dingaranan Tangkuban Parahu. Sabab
posisina aya di tengah ti tilu kapling gigireun,  nu dahuan (lanceuk induk
budak). Ngadep ka kaler, nya ka gunung tangkuban parahu.  Di kaler eta aya
tilu gunung ngajajar. Di kulon, burangrang, di tengah tangkubanparahu, di
wetan bukittunggul.  Nya gunung legenda sangkuriang tea. Gambarna aya di
mangjamal.multiply.com.

 

imah Sunda lain modelna? Ari imah teh nurutkeun model atawa gayana mah, nya
aya nu tradisional aya nu modern. Ari kahayang mah murah. Keun we hade teu
hade oge asal aman. Ongkoh hade mah apan meureun mun jadi panglobana nu
milih teh baris jadi gupernur jeung wagub. Nu ieu imah sunda modern we.
Alesanana, nya nu ngeusina urang sunda, imah oge kaci disebut imah sunda
(modelna tapi nu modern). Hehe. Make injuk awi jsb na mah, imah tradisional
atawa vernakular. Model kitu kaayeunakeun, ciri rumah makan sunda. Haha.

 

Leutik tapi sugan we camperenik. Gambarna aya di mangjamal.multiply.com.
desain minimalis.  Minimalis salian ti modeu, oge danana. Asa cap tekor
yeuh. Tapi nu penting mah mudah2an pinuh berkah ti pangeran pikeun
pangeusina. Sing  bisa ngiuhan jeung ngimahan pangeusi hate: budak dua,
jeung indungna.

 

Tukang basna langganan, urang Ciwidey. Poho teu ngabubur bodas bubur
beureum, engke we ari masang batu atawa bata. Palebah suhunan, teu
nyungcung, tapi rata da kahayang mah make dak beton. Jadi rada bingung rek
nunda bendera dimana nya. Biasana mah dina kai wuwung, bagean puncak
konstruksi suhunan kenteng.

 

Danana meunang nginjeum ti bank sawareh, KPR tea. 20tauneun. Jadi lunas,
insya Alloh, keur kuring umur 60 taun. Heuheu. Mudah2an we dipanjangkeun
umur. Tapi da cenah diasuransikeun, mun si kuring paeh can umur 60, KPR eta
dianggap lunas. Tapi mudah2an we ulah waka paeh. 

 

Kirim email ke