Duh, resep teuing pami gaduh elmu ras clok.
Teu keuna ku macet, kapanasan bin kahujanan.
Pami aya di paguron luhur elmu jurusan ras clok, abdi mah bade "maksakeun" 
kuliah deui ah... heuheu.

salam,
ro2

>>> [EMAIL PROTECTED] 04/18/08 09:11AM >>>

Aya nu kaliwat ti seminar di unpas dua minggu katukang teh. Carita nu 
ditepikeun ku prof. nina herlina lubis. Nyaeta metafact. Atawa fakta 
metafisika. Cenah raja2 sunda baheula oge inohong agama atawa kyai, baroga elmu 
ras clok. Ras, inget, diimpleng, clok nya nepi ka tempat nu diimpleng. 
ulama2 baheula, sanajan padumukan di tatar sunda, di pamijahan tasik misalna, 
ari jumaahan teh cenah sok di mekkah! Beres jumaahan nya aya deui di lembur! 
Kitu deui sultan cirebon. Cenah di guha  sunyaragi aya tempat siga di guha  
pamijahan.  Dinding dekok nu make plang mekkah. Sigaan eta pikeun nangtukeun 
koordinat indit jeung balik, mun ceuk startrek mah. Hebat!
Mun teu salah mah, tokoh nu beh dieu boga elmu kitu teh PHH Mustapa, sarua 
cenah PHHM oge ari jumaahan teh sok di mekkah.
 

Kirim email ke