Akur kang, kunaonnya meni keukeuh hayang nolak AH? Cik atuh ari memang teu 
genah AH (atawa saha wae nu kapilih) nu jadi gubernur teh sing fair kahayang 
mah. Lamun aya kabijakan anu bener, dukung! Lamun aya kabijakan nu salah, 
ingetan, tong diantepkeun! Tong kena-kena jago aing eleh, tuluy weh sagala 
kabijakan batur teh dilawan, paduli rek bener ge!

Boa-boa urang teh can siap narima proses demokrasi!!!!

Wassalam,

Apri
PS. Punten ah, nuju kesel yeuh ka oknum Catatan Sipil di Bandung. Pun Istri 
bade memperbarui akte kelahiran wae meni dipersulit kalahkah der menta duit! 
Iraha atuh pamarentah bisa bener2 jadi pelayan masyarakat, mun urusan nu leutik 
wae dipersulit jeung kalahkah nyekek rahayatna. Mayar duitna mah teu 
kabeuratan, asal bener2 resmi! Da ieu mah lain, ngadon nyarios: "Memangna boga 
duit sabaraha rek nguruskeun ieu?" Punten ah... jadi curhat kieu, tuda keuheul 
keneh ka oknum si eta.

----- Urspr�ngliche Mail ----
Von: "[EMAIL PROTECTED]"

Kunaonnya sigana teu ikhlas lamun urang sukabumi janten gubernur jabar? Arek 
dibereum dikoneng, faktana di pilkada kamari hade lewih unggul dibanding calon 
nu lain. Keur calon anu eleh masih aya kasempatan pilgub tahun 2013, lamun teu 
tahan jadi rakyat biasa, sok wae nyalon di pemilihan bupati atanapi walikota. 
Hapunten ah

Reply via email to