> From: Dadi Kurniadi > Ari simpati mah atuh belaan Bah...jihad..karunya ka dulur....
Kuring simpati lain kana ajaran Akhamdyah, tapi simpati ka jelema nu ditandasa jeung dikakaya. Dalah ka bangsat oge kuring mah teu bisa kudu mupuas lamun ditandasa jeung disiksa. Komo deui ieu mah jelema-jelema nu teu nyieun kajahatan atawa kriminal nu ngarugikeun batur. Ngan ukur beda kayakinan wungkul, na make kudu dipupuas, dikekeyek ....... Teu kapikir kitu, lamun terus-terusan dikekeyek, maranehna laluncatan ka Kedubes nagara asing menta suaka politik jiga urang Timor Timur? Teu kapikir kitu lamun urang Akhmadyah jaradi "manusa parahu" lalumpatan ka Australia siga urang VIetnam baheula dina nyalametkeun diri jeung kayakinana? Keur naon atuh aya nagara ari teu bisa ngalindungi warga nagarana mah? Ngarobah kayakinan teu sagampang jiga malikkeun leungeun. Tadi kuring pehereng-hereng jeung Si Endin, cleaning service nu sok meresihan ruangan kantor kuring. Manehna nyarita tadi peuting waktu balik ka imahna manehna papanggih jeung Kunti di jalan, tepi ka manehna lumpat sasatna notog-notogeun maneh, bakating ku sieun. Tangtu we kuring nyakakak teu percaya di kota bet aya kunti. Tapi Si Endin keukeuh percaya, pokna teh: "Heueuh bapa mah da acan kungsi papanggih jeung kunti, jadi teu percaya!" Sanajan kuring beak dengkak nerangkeun yen kunti teh euweuh, si Endin tetep percaya, sabab KAYAKINAN SI ENDIN KANA KUNTI aya dina hatena. Salah henteu si Endin? Nu jelas, nu BELEGUG mah kuring, teu ngarti yen kayakinan mah teu bisa diukur ku ukuran diri sorangan. Unggal jalma masing-masing boga kayakinan sorangan-sorangan, teu bisa dipaksa-paksa. Ceuk urang "sasab", ari ceuk manehna "bener", terus kudu dikumahakeun? Baktos, WALUYA