Cik dulur sadaya manawi tiasa pangemutankeun terutami
nu tos nyampur di dunia pamarentahan, dupi Bupati
atawa Gupernur meunang duit jang balik modal na nu
mang milyar2 kitu timana nya nu kaetang Halal? tina
gajih jeung tunjangan emang bisa balik modal kitu? Ku
kuring can kabayang eung kecuali kudu KKN rek carana
halus atawa katempo pisan...
Hatur nuhun nu tos nga share...

Baktos
Tessar


> 
> ----- Pesan Asli ----
> Dari: dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]>
> Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
> Terkirim: Jumat, 25 April, 2008 14:36:46
> Topik: [Urang Sunda] RE: Geuleuh ka PKS?; [kisunda]
> Sekilas Ahmad Heryawan=> Biaya pilkada
> 
> 
> Saderek sadaya,
> Ari ceuk kuring mah, biaya Pilkada tingkat pemilihan
> bupati  nepi ka beak waragad 1 nepi ka 2 M, mah 
> mun diitung itung mah sigana  wajar wae.
> Geura sok , saha nu rek nyoba nyoba ngitung.
> Pan keur  nyiapkeun pamilihan kampanye nepi ka
> prungna pamilihan teh perlu keur :
>  
> 1. Biaya keur nyieun barang cetakan keur kampanye,
> sarupaning pamplet dll
> 2. Biaya keur nyieun baligo.
> 3. Biaya keur nyieun spanduk
> 4. Biaya keur nyieun kaos.
> 5. Biaya keur nyewa treuk , mobil keur nu kampanye.
> 6. Biaya atawa honor  tim suksesna. Da kudu dibere
> keur  uang rokok-rokok   wae mah.
> 7. Biaya keur nyewa mikropon, panggung, tenda dll
> 8. Biaya keur  ngondang artis dangdut..
> 9. Biaya keur rapat konsolidasi  dll
> 10 Biaya sejenna deui.
>  
> Jadi , lamun DPD partey menta duit 1 nepi ka 2 M
> teh, ceuk kuring mah lain samata mata keur nambahan
> uang kas DPD partey atawa nambahan "panghasilan '
> anggota atawa pengurusna, tapi bener bener keur 
> sarupaning biaya  dina sajeroning kampanye. 
> Asa mustahil, lamun dina raraga Pilkada  upama teu
> make biaya samasakali mah. Masalahna, naha  biaya
> anu 1 M atawa 2 M teh kaasup, mahal , cukup atawa
> kurang. Nya tergantung kumaha selera jeung program
> team suksesna.
>  
> Tibatan jadi fitnah, leuwih hade ngiluan ancrub ,
> ngilu ngitung  jeung team sukses. Pek kritisi,
> lamun memang team suksesna   nyodorkeun  anggaran
> biaya anu teu wajar. Sigana ku jalan kieu , bakal
> lebih adil urang dina menilai hal anu berkaitan
> sareng pilkada ieu.
>  
> Nu jadi masalah. Di urang mah partisipasi anggota
> atawa simpatisan  partey tara diajak ajak dina
> ngagalang biaya keur pilkada ieu.
> Coba geura turutan misalna kumaha cara Obama ( calon
> pres partey demokrat USA) dina ngagalang dana keur
> kampanye. Maca dina detik .com , mun teu salah mah.
> Bulan Maret kamari wae ( sajeroning sabulan) dana
> ti simpatisan/anggota partey keur kampanye teh cenah
> terkumpul 40 juta US dollar ( Sabaraha triliyun
> tah). Encan bulan bulan sejenna.
> Padahal terang teu cara ngumpulkeunana.  Team
> sukses Obama, teu narima sumbangan anu nyumbangna
> leuwih ti $ 250 /orang atawa institusi. Kucara
> ngabates gedena sumbangan, manehna ( Obama) moal
> nepi ka ngarasa "berhutang budi"  secara khusus ka
> sing saha wae. Jadi lamun rek berhutang budi teh 
> kudu ka balarea. Moal aya konflik of interest, dina
> sajeroning ngajalankeun  pamarentahannana. Naha di
> urang  bisa teu cara kitu ?.
> Kahareupna mah kudu bisa kitu.
>  
> Coba di urang mah, ceuk  selentingan yen aya
>  salah sahiji simpatisan partey  anu jadi
> pengusaha, anu wani   berspekulasi, wani
> ngabiayaan sagemblengna  seorang  Cagub  keur
> maju kana Pilkada, nepi ka milyaran perak. Naon
> cenah pamentana mun si Cagub eta meunang. Manehna
> "ngan" menta dibebaskeun hiji kawasan strategis di
> puseur kota keur kapentingan bisnis manehna. Jadi
> teu heran, lamun aya gubernur anyar, terus pagawean
> pertamana anu digawekeun teh  ngagusur hiji
> kawasan, Dalihna mah pasti ideal, demi pangwangunan,
> atawa demi mengembalikan kana fungsi semula, atawa
> demi mengeliminasi kawasan kumuh dll. Tapi sabenerna
> mah demi kapentingan pengusaha anu geus mere dana
> pikeun manehna jadi pamingpin.
> Lamun masih keneh kitu carana, ti mana wae calon
> pamingpin eta datangna. Partey naon wae  anu
> ngadukung pamingpin eta,  geus bisa dipastikeun 
> si pamingpin eta dina ngajalankeun  kapamingpinan
> bakal ngutamakeun kapentingan anu geus ngadukungna ,
> baik secara materil atawa immaterial. Konflik of
> interest tea jadina teh.
>  
> Sok atuh kumaha tah carana sangkan partisipasi
> anggota partey jeung simpatisan partey teh ngagalang
> dana secara kreatif . Nu penting  keur si calon
> pamingpin teu jadi beban moril engkena lamun geus
> jadi pamingpin. Ambeh perhatianna sagemblengna keur
> kapentingan rakyat.
>  
> Sigana mah, kudu dimimitian ku  mere watesan kana
> jumlah partey nu aya. Diwatesna ulah ku paraturan
> anu teu ngameunangkeun ngadirikeun partey. Tapi make
> aturan threshold anu leuwih gede. Misalna ti 2% jadi
> 10 %.. Kurang ti 10 %, teu meunang ngilu deui
> pemilihan.
>  
> Tapi kumaha atuh, nyieun partey teh di urang mah
> kawas  rek nyieun parusahaan wae. Partey teh jadi
>  tempat usaha.lain keur tempat pengabdian.
>  
>  
> Sakitu heula we ah ngacapruxna
>  
> Wassalam
>  
>  
>  
>  
>  
> 
> Yuliadi <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> Gamelan ditabeuh!!
> Goongngeungkeung
> Simaaing sima maung
> Sokah der…
> ----- Original Message ----
> From: "Reka "Bohay"" <[EMAIL PROTECTED] com>
> To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
> Sent: Thursday, April 24, 2008 9:35:22 AM
> Subject: Re: Geuleuh ka PKS? Bls: [Urang Sunda] Re:
> [kisunda] Sekilas Ahmad Heryawan
> duh... uing teh asa kumaha nya ninggali berita ieu,
> perkawis PKS teh.
> sanes ijid atawa niat ngagogoreng yeuh ka PKS, tapi
> ieu mah kajadian bener. 
> Salah sahiji dulur kuring rek ngilu ngaramekeun dina
> pemilihan Bupati salah sahiji daerah di Jawa Barat,
> anjeunna tadina rek maju ti PKS dicalonkeun janten
> wakil Bupatina, da geus aya omongan ti ketua PKS
> na  cenah "Sawios kang, urusan waragadna mah ulah
> diemutan, keun weh kumaha abdi". kitu cenah,,, pas
> bade tos mepet kana pemilihan, geuning ujug2 menta
> duit, ngomongnateh kieu "Kang, waragadna teh peryogi
> 2M, tah kanggo operasional 1M, kanggo ka DPW sakieu,
> kanggo ka DPP sakieu". 
> Tah, kusabab kitu, dulur kuring teh teu jadi weh ah
> majuna, da teu boga duit, jeung embung weh mun geus
> jadi kudu korupsi jang ngagantian waragad eta. 
> ieu sim kuring nyarita bener, teu nginjeum ceuli teu
> nginjeum panon. tapi ka para wargi anu bade
> percanten atawa henteu mah nya mangga weh
> nyanggakeun. .. hehehehe...
> Ari kuring mah boga pipikiran, nya geuning sarua
> keneh partai rek numana2 oge,,, ngan ari ceuk kuring
> mah ayeuna kuring jadi rada sentimen euy ka PKS teh,
> geuningan manehna mah munafik pisan.
> jadi Gratifikasi 1,9 M anu dipulangkeun mah leutik
> ari dibandingkeun jeung duit anu ditarimana mah.
> hehehe...
> 
> -Bohay-
> 2008/4/24 apriii <[EMAIL PROTECTED] de>:
> Punten kang,
> 
> Kuring mah teu paduli rek aya partai Islam nu
> koalisi jeung nu non
> Islam oge, satungtung jujur, bersih, jeung bener
> gawe na, naha bet
> kudu beak2an dijejeleh dihina? Contoh: Mun PKS jeung
> PDIP koalisi,
> tapi tina hasil koalisi na bisa ngahasilkeun DPR nu
> bersih, jujur,
> anti korupsi, katingali gawe na, ku kuring rek
> DIDUKUNG BEBEAKAN
> koalisina!
> 
> Sabalikna. Kuring mah leuwih ijid bin geuleuh ka
> partai2 nu koalisi
> karena alesan make asas Islam, tapi prak-prakannana
> tina hasil koalisi
> kalahkah korupsi, nilep duit, jeung nyangsarakeun
> rahayat. Contoh: Mun
> PKS koalisi jeung PPP tapi hasilna kalahkah nyieun
> nagara beuki ancur,
> beuki korup, MOAL DIDUKUNG BEBEAKAN.
> 
> Kagok kuring rek ngutip berita na Detik poe rebo
> kamari, mudah2an
> tiasa ngabuka ka-keukeuh-an Kang Agus, eta ge mun
> Kang Agus na hoyong.
> Tapi mun kang Agus keukeuh peuteukeuh geuleuh ka
> PKS, nya da meureun
> bade dikumaha deui ari tos nganggo kacamata hideung
> mah, 
=== message truncated ===



     
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ


      
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ

Kirim email ke