Pararunten kasadayana para wargi urang sunda, urang sadaya anu micinta sunda.
Ngobrolkeun perkawis syareat islam, aya pangalaman tahun 2004 sa rengsena
pemilu, koran kompas (koran nasrani ) tos ngayakeun jajak pendapat/ pooling,
anu lebetna perkawis syareat islam , wacana ieu di usung ku partey PPP, PBB
(kudu+satuju), PKS, PAN( Satuju ) ngan nu diperjuangkeun ku 2 partey ieu teh
masyarakat anu “MADANI” Hartosna Piagam Madina anu dijantenkeun wacana,
sementawis PPP,PBB Piagam Jakarta.
Ternyata dina hasil pooling tea, angka anu satuju Masyarakat Madani
(Piagam Madina) dugi ka 70 %,sesana di bagi 2 , anu satuju usulan PPP,PBB
langkung saalit di bandingkeun nu teu satuju.
Naon Hartosna ? ieu hiji bahan kanggo urang sadaya anu micinta syareat , kumaha
carana wacana ieu tiasa ditampi ku masyarakat indonesia bari henteu aya
pahoghag dina perkawis ieu.
Piagam Madina ternyata langkung mumpuni dina ngelola sagala urusan di nagara
anu namina “Madina” di jaman Rosul Muhammad SAW. Langkung ditampi ku sadaya
elemen suku nu aya di Madina,teu aya anu ngarasa ka ancam,sadayana damey di
bawah naungan piagam ieu.
Aya komunitas di Indonesia anu secara teu sadar tos nerapkeun sistem syareat
islam, sok sanaos teu rame-rame ( teu gogorowokan tegakan Khilafah&tanjeurkeun
syareat), manehna timimiti ngadidik para pamudana/di di kalangan kampus supaya
linuhung ku ilmu agama,ngatur dina urusan milarian jodoh,urusan pernikahan,
dugi ka urusan ekonomi,urusan rumah tangga ,urusan pulitik sareng sajabana. Anu
jigana ieu aya di PKS(sigana), hartosna naon ? . Kunaon komunitas ieu tiasa
janten partey ?supados sagala kabijaksaan pamarentah minimal teu ngarugikeun
umat islam atanapi tiasa ngajaga produk legislasi anu teu mihak. Bari janten
jalmi anu kaffah dina ngajalankeun islam.
Waktos bade di bahas RUU Anti Pornografi /Pornoaksi (waktos Kapengker),
penolakan ieu mani rame hampir-hampir bentrok sareng nu ngadukung, pamarentah
meunang tekanan ti Luar/jero dugi ka ormas-ormas islam bade di bubarkeun bahkan
aya rencana dilarang, tokoh tokohna tos direncanakeun di tewak, saha anu
ngabela ? Komonitas ieu anu tos ngajelma jadi Partey,bahkeun supaya aksi aksi
ieu dieureunkeun heula, pan saatos aksi eta eureun teu aya deui anu ngaganggu
ormas islam. Urang sadaya tiasa deui ngalaksanakeun ibadah,dakwah bari genah.
Sok geura urang sadaya emutan dina perkawis ieu, ieu mah mung sakadar ngiring
ulubiung ti salah sawios urang sunda nu aya di cijolang tambaksari,sanes bade
ngagulkeun anu aya di luhur, ieu mah saking mikaresep ka urang sunda, da sim
abdi mah mung pengamat bari mihak soteh kana kasaean.
Hatur nuhun.
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and
know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ