Paguneman Mang Utas
Nu rek dijual
Ku: Kebo Hideung - Griya Mitra Batik Kawalu Kota Tasikmalaya #April'2008
   
   
  "Mang kunaon mani kerung kitu eta tarang?"
"Ah..teu kunanaon Lo, ngan keur bingung we amang mah."
"Ari kitu bingung kunaon?"
"Enya we eta bukti sajarah nagara urang ngadenge-denge ceunah rek dijual."
"Bukti sajarah anu mana kitu Mang nu rek dijual teh? asa teu ngadangu kuring 
mah?"
"Har ari Alo....moal enya teu apal, sakitu ramena na tipi, matakna montong 
nongton wae acara Super Mama geura."
"Halah...Amang mah jiga tara ningali wae acara super mama..hehehhehe.."
"His...atuda Amang mah..."
"Resep kana geolna Nona Igun nya? ha.ha.ha.ha.."
  "Husss..Alo mah sok kamana karep, yeuh Lo ayeuna mah program tipi teh lamun 
diprosentasekeun teh asa lewih gede keneh hiburana tibatan pendidikana, sok we 
ku Alo titenan, jadi teu salah-salah teuing Amang sok rajeun nempo acara 
samodel kitu teh."
  "Mang ayeuna mah masyarakat teh butuh hiburan keur mopohokeun harga-harga 
kabutuhan pokok anu naraek, jadi programer tipi anu pinter mah apal kana 
kahayang pemirsa, leres teu Mang?"
  "Enya kukituna mah, kaasup amang keur lieur ku naekna harga minyak goreng, 
sakalieun ngagoreng lauk asin oge hararese da teu kabedag meuli."
  "Geus ah mang tong ngabahas harga-harga anu naraek, da moal matak nurunkeun 
harga minyak iyeuh obrolan urang teh, kalahka nambah-nambah kapuyeng, tah balik 
deui kanu tadi, bukti sajarah naon atuh anu rek dijual teh?"
  "Lo..dumasar kana beja anu ku amang kadenge jeung katempo dina tipi butut anu 
amang, ceunah bumi almarhum Bung Karno teh rek dijual ku pihak kulawargana."
"Uluh-uluh kutan kitu Mang, sabaraha ceunah nawarkeuna?"
  "Ceunah cek beja ti departemen perbejaan mah harga anu ditawarkeun teh 50 
milyar, teuing sakumaha 50 milyar teh, da amang mah nyepeng duit lima rebu 
perak oge geus jarang."
  "Ohh..kitu? meureun Mang lima puluh milyar teh lima puluh karung duit, terus 
ari nu rek meulina saha ceunah?"
  "Ngadenge-denge, ngan mudah-mudahan mah beja teh salah, ceunah geus aya nu 
nyanggupan hargana sakitu, tah pengusaha urang Malingsia kitu?"
  "Sanes Malingsia atuh mang, Malaysia meureun."
"Nya eta maksud amang mah."
"Naha ari pamarentah teu nawar kitu?"
"Ah..teuing Lo..jigana duitna beak keur hajatan pilkada, matakna amang mah jadi 
milu lieur ngabandungana."
  "Eta duit lima puluh karung keur naon nya mang?"
"Meureun keur meuli minyak sayur Lo, da sarua atuh di Blitar oge harga-harga 
bahan pokok mah ting terekel ka luhur."
  "Hmmm..deudeuh teuing nya Bung Karno, mun enya teh kajual ka nagara batur, 
atuh jasad Bung karno oge milu ka jual nya Mang."
  "Matakna Lo..tah kitu kunaon tarang amang ngariut."
"Enya mang kaharti ayeuna mah, tibatan mikiran anu lain pikireun urang 
mendingan urang mikiran sawah urang kumaha carana supaya panena alus."
  "Tah alus Lo  boga pikiran kitu teh, sok kembangkeun ku Alo mengpeung ngora, 
da amang mah sawah teu boga, kebon teu boga, pangaboga teh tipi butut we anu 
karek hirup mun digebrigkeun, tuh..Lo Nona Igun geus rek maen...hayu ah..urang 
nongton."
  "Heuhhh..si Amang mah ari kabatur moyok..." tembal si Alo bari ngiluan 
ngolesed diukna pindah nyanghareupan tipi.
   
  ====================================


       
---------------------------------
Tired of visiting multiple sites for showtimes? 
  Yahoo! Movies is all you need

Kirim email ke