InsyaAlloh abdi ge siap...
timimiti ayeuna jigana mah tos kedah dirarancang kang,
iraha bade ngayakeun riungan kanggo nyawalakeun perkawis HBH ieu..?
diantos ah...

baktos'
bdn.

--- In urangsunda@yahoogroups.com, MRachmat Rawyani
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Hatur nuhun kana informasi anu tos didugikeun kang
> Badru. Teu naon-naon, tos kapendak sareng kang Hendra,
> abdi nunjuk kang Badru Ketua II HBH, anu tanggel waler
> perkawis akomodasi sareng kalancaran acara.
> 
> Hanjakal Pa Maki sareng kang Hendra saparakanca aya
> wagelan. Namung anu paling penting mah, nyuhunkeun
> idin ti Pa Maki ngangge tempat KBBS, kanggo HBH. Ari
> impian kuring mah tema HBH nu bade dongkap teh "Wisata
> Budaya menikmati situs Pakuan Pajajaran" . Kahoyong
> mah acara puncak HBH teh dina dinten saptu wengi
> (11/10), nyaeta ngobrolkeun perkawis situs Pakuan
> Pajajaran anu didugikeun ku Ambu Richadiana (Arkenas),
> Kang Agus Aris Munandar saparakanca ti FIB. Enjingna
> (12/10) nembe "napak tilas" situs anu aya di
> sabudeureun wewengkon Kampung Budaya Baranangsiang,
> anu dipandu ku kang Mumu saparakanca. Minggu sonten,
> HBH tos tiasa lekasan.
> 
> baktos,
> 
> mrachmat uidipura


Reply via email to