kacida garingna.......
tapi lumayan jadi seuri...lah

2008/5/9 kun2 <[EMAIL PROTECTED]>:

>   Bodor garing.. tarjamahan bebas
>
> Si kulup meuli hape anyar
> Manehna tuluy nge-sem-es ka sakumna nu aya dina phone book na
> Eusi na teh kieu ..
> "Nomer hape kuring diganti nu baheula N3310 , nu anyar N6610
>
> Sikulup ngadongeng ka tatanggana
> Bari jeung agul manehna ngomong
> Kulup : Anak urang ayeuna di fakultas kedokteran UI
> Tatangga : Maenya, Nalungtik naon manehna di fakultas kedokteran UI?
> Kulup : Teu keur nalungtik keur ditalungtik
>
> Sikulup datang ka dokter
> Kulup : dok , aneh yeuh saya unggal peuting ngimpi mengbal wae
> Dokter : tah ieu pel di inum memeh sare , tangtu tibra teu ngimpi
> Kulup : meunang teu nginumna isukan ? ku sabab engke peuting mah final na
>
> Si kulup ngomong ka pamajikana
> Si kulup : mun urang maot eneng rek kawin deui ?
> Pamajikan : moal kang, kuring mah rek saimah jeung teteh kuring , ari akang
> mun kuring maot rek kawin deui ?
> Si kulup : moal atuh neng , sarua akang oge rek sa imah jeung teteh na
> eneng....
>
> Kunaon su kulup keur sakola teu pinter-pinter
> Ku sabab mun guruna ngahapus catetan di papan tulis, si kulup oge ngahapus
> catetan dina buku manehna
>
> Si kulup jadi salesman vakuum cleaner,
> Ngetrok panto hiji imah tuluy di buka,
> Dasar si kulup teu make basa-basi heula, langsung asup ka jero imah bari
> ngawur-ngawur tai embe ka unggal juru karpet, bari ngomong
> Kulup : Sok lah ceu.. mun ieu vacuum cleaner teu sanggup ngabersihan tai
> embe , didaharan hiji2 tai embena ku saya
> Eceu : rek jeung kurupuk atawa sambel daharna ?
> Si kulup bingung : naha ?
> Eceu : na ari maneh teu di tempo heula ayeuna keu pareum lampu...
>
> Si kulup keu aya di jero bar karaoke, tuluy hapena disada
> Kulup : hallo, nyaho ti saha maneh urang aya di dieu ...
>
> Sikulup nitah pamajikannana nyebor kembang di buruan
> Pamajikan : tempo tuh pan keur hujan..
> Si kulup : naaa ari maneh, make payung atuh tuluy cebor kembangna
>
> Si kulup nempo lomba marathon;
> Si kulup : na eta kabeh jelema lumpat paheula-heula
> Batur : ieu teh balap lumpat.. engke mun juara meunang piala
> Si kulup : naha mun ngan juarana nu meunang piala, anu lain milu lumpat
>
> 
>

Kirim email ke