Lamun di Democrazy aya editoliar,nya di kusnet ge aya eeditoliaran nu disebut 
editolieur,bahasanna teu jauh ti perkara luar lieur, sanes bade ngalilieur, 
sugan wae jadi tamba lieur, sanes jadi tambah lieur. Prung!
Naek
Budak sakola naek kelas,kacida atohna,indung bapana oge milu atoh malah sok aya 
nu mere hadiah sagala. Pagawe naek gajih kacida bungahna, teu saeutik sok aya 
nu langsung neraktir babaturanana. Pajabat naek pangkat memang eta nu dianti 
anti, isukna langsung sukuran bari jeung numpeng tujuh congcotan. Naek kelas, 
naek gajih jeung naek pangkat memang ngeunah kana ceulina. Tapi kumaha mun naek 
harga? Balukarna, nu boga kumis baplang, kumisna langsung ngeplek lantaran 
saban mere uang balanja sok digereneng ku pamajikanana "Uang balanja sakieu 
mahi kanaon?"

Urusan nuak naek memang matak lieur, kitu deui nu karandapan ku mang Kemod 
urang Cidongdot, gara gara turun naek panon mang Kemod saban usik 
keukeureuceuman kapeureupeunan, kawantu pakasaban mang Kemod sapopoena tukang 
ngaragaji kai bagian nu dihandap. Beda deui jeung ceu Romlah, da cenah mun geus 
turun naek teh kacida pelemna, keun urusan naek versi ceu Romlah mah teu kudu 
dibahas didieu, urang  pasrahkeun we ka ahlina nyaeta Naek L. Tobing.

Aya harewos bojong BBM nek naek, pikeun pamarentah meureun sarua lieurna,teu 
dinaekeun lieur lantaran nek timana nombokan apbn, ditaekeun oge lieur, tukang 
demo samemehna geus pamanasan, para provokator bakal meunang obyekan deui, 
rivals keur pamilihan taun 2009 geus boga bahan kampanyeu pikeun "ngekenyek" 
incumbent, kitu deui para penimbun minyak geus tatan tatan, malahan kiwari geus 
kabuktian didaerah pantura ceuk beja premium geus langka. Ahirna persiden jadi 
mandeg mayong, naek entong, entong naek, lamun BBM naek popularitas persiden 
bakal turun, tapi lamun harga turun sabalikna popularitasna bakal naek, kumaha 
mun tetep nya tetep oge meureun popularitasna. BBM turun? asa pamohalan, da 
ceuk Iwan Fals oge dina lirik laguna  mun aya nu bisa nurunkeun harga bakal 
diangkat jadi manusa satengah dewa. BBM naek memang matak riweuh sarerea, eta 
meureun lantaran ampir tiap jalma marake, beda deui lamun harga kolor naek 
nepika 120 dollar/kodi, asana moal matak riweuh kawas BBM, padahal sarua loba 
nu make, ngan meureun mun teu kabedag meuli kolor lantaran hargana salangit, 
paling diditu didieu loba nu ulad alid teu marake kolor.

Ngurus nagara teu sagampang ngocoblak waktu keur kampanyeu, perlu taktik 
strategi sarta dukungan. Anehna najan katingalina jadi persiden teh lieur, tapi 
geuning loba nu hayang nyalon, kitu deui nu jadi persiden ayeuna cenah nek 
nyalonkeun deui. Ka saha wae geura prak nyaralon, da aya nu ngatur nyaeta 
undang undang, ngan wayahna mun hayang dipilih ku rakyat, kudu jadi manusa 
satengah dewa. Aya nu bisa teu nya?

sr

Reply via email to