Simkuring mah rada lareged atawa hayang seuri ku ninggali mental bangsa urang enya oge di era demokrasi cenah, nyaeta ku mental tuturut munding tea..sok tara ningali kana waragad diri. Ditambah ku persyaratan hukum keur jadi calon walikota anu masih amburadul (gampang pisan). Cik atuh Farhat Abas ngan saukur pangacara anu can pernah katingali serabna di kancah politik atawa sumbangsihna ka rakyat jawa barat bisa jadi calon..? lieur..lamun bener teh...! Meureun di Jabar teh loba anu lulusan APDN anu bener-bener nyaho sistem pamarentahan. Beda jeung Dede Yusuf, nu kanyahoan gawe na sababaraha taun katukang keur masyarakat jabar samemeh jadi wagub ayeuna.
Simkuring pernah ngirim bantuan tsunami ti Jakarta ka Pangandaran 1.5 poe ti saparantos kajadian teras simkuring ningali Dede Yusuf parantos hadir kokotoran di tempat pangungsian ti utusan PAN, simkuring mah teu ningali "merk" na tapi sumbangsih na. Jadi keur simkuring mah teu butuh calon anu make "Dasi anu mencrang" jeung "Selebrity" tapi naon anu geus digawekeun ka urang sunda. hatur nuhun... Delun *************** --- In [email protected], "Aldo Desatura " <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > DEAR, > > farhat abbas? iyeu teh urang sunda lain yeuh..?? ma enya rek dipingpinan wae > ku salian urang sunda..?? teu bisaeun nyepeng pamarentahaan mereun urang > sunda teh..?? > > > Aldo Desatura (R) & (c) > 62.0817.19.40.50 > ======== > " kau membuatku mengerti hidup ini kita terlahir bagai selembar kertas putih > tinggal ku lukis dengan tinta pesan damai" >

