sampurasun
hapunten ka dulur2 di ieu milis, simkuring ngampleng
aya hancaeun, biasa,...padamelan mencari nafkah
pertarosan ti kang mh, kedah diwaler,... meh afdol...
kasundaan teh naon?
kanggo sim kuring mah, justru eta nu nuju di teangan,... mung abdi mah
masih deet, nembe 2 taun resep kana kasundaan,...
jadi ,pertarosan eta teu tiasa yakin abdi tiasa ngawaler,...
jadi, hapunten atuh nya,.....
mung abdi mah rada gegebegan pami ieu milis tos panas tina ucap jeung
isi na,... aya istilah ng fokuskeun ka urang batak,... ah saur abdi
mah kapungkur prabu siliwangi ngamingpin nagara pasti gaduh rakyat nu
berasal ti berbagai suku dan warna kulit,... 
tong di beda2keun kasundaan terbatas di halangan ku warna suku.
sunda mah luhung .
tapi ieu wacana 'pks' dan 'kesukuan' ,... parantos di heup keun ku
moderator,... alhamdulillah, hatur nuhun,... memang kitu saena menurut
abdi,...
ieu milis sanes kanggo pasea atanapi janten kontra produktif ...
tapi keur nyumbang kasaean kanu kasundaan.

===
perkawis taun 2009? aya naon?
mung babaledogan analisa weh kang,... tos 2 taun ieu, 2007 ,2008,...
rarasaan, urang sunda mulai seueur tampil,... di isyu politik, di
tayangan televisi,... asa seueur pisan ....
kunaon 2009?
etangan sirkulasi jaman kang,.... kaayaan jaman itu berputar,.. aya
jaya aya apes.... ti sababaraha obrolan kisunda, cenah di etang,
deukeut2 taun ieu...  sunda bade tandang.
mung sakitu kang,... duh,deet nya? sumuhun,... deet pisan analisa
simkuring.. tapi mugia ieu dibacana mangrupa sumanget jeung optimisme
urang2, ngahadapi kaayaan indonesia nu makin lieuurrr ku bbm, dpr
garelut, partai pa tubles2, selebritis beuki kumincir, ulama beuki
hare2, .... mudah2an silih asah asih asuh masih keneh kuurang di jaga,...

sakitu, jawaban simkuring, hapunten teu lengkep jeung tidak memuaskan
panginten nya

rampes,
=ku ujang roche=


--- In urangsunda@yahoogroups.com, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> cing kang rada dieceskeun, ari kasundaan teh naon? asa sering mireng,
> kasundan, kasundaan cenah, ngan nepi ka kiwari asa can eces. ari nu
> katoong ku sim uing mang, urang sunda teh jelema, teu beda jeung
> jelema sejenna, lain dewa lain ririwa, sagala nu pakait jeung jelema
> nya jadi urusan urang sunda oge.
> 
> eta urang sunda bade tampil 2009 teh kumaha maksudna? bade tampil
dimana?
> 
> salam,
> mh
> 
> On Thu, Apr 24, 2008 at 5:26 PM, agus roche <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >  sumuhun,..
> > sanes teu kenging debat, tapi sagala rupana oge aya tempatna...
> > masalah agama sareng politik, seueur pisan di yahoogroups nu lian,..
> > langkung ahli anggotana,.... mangga pilarian,...
> > usul simkuring,.. ieu forum teh tos mere mangpaat seueur kanu
kasundaan,...
> > pami eusina pararanas, ke seueur nu haroream gabung ka ieu milis,...
> > lebar kang,...
> > diantos ah,... uih deui kanu esensi nu sajati,...
> > pan 2009 teh US bade tampil,... kudu siap2 atuh persatuanana,...
> >
> > hatur nuhun,..
> > =jang roche=
> >
> >
> > tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >
> > Sigana moderator kudu turun gunung.
> > Forum ieu lain keur sili sigeung. Angging memang jadi kitu.
> > Mun forum ieu ngahalalkeun silih sigeung, kuring mah rek anggeusan
bae.
> >
> > salam baktos
> > Tantan
> >
> >

Reply via email to