satuju, teu sakabeh urang arab teh bener, oge teu sakabeh urang arab
teh teu bener (urang indonesia, urang batak, urang padang, urang jawa,
urang sunda oge kitu, pokona tong streotip)...

ngan lamun nilik kana kajadian TKW Indonesia di Arab, nu kungsi
disiksa ku dunungan-na, terus masalahna asup ka PENGADILAN (tangtuna
pengadilan mah resmi ngawakilan/ngagambarkeun nagara atawa masyarakat
ARAB-na), ari pek kalahka dunungan-na dibebaskeun jeung TKW nu kalahka
dihukum.. 
NAAAA AYA NAON DI SISTEM HUKUM URANG ARAB ?! KUMAHA SABENERNA SISTEM
SOSIAL MASYARAKAT DI ARAB ?!!!!!
 
naha bener TKW teh sabenerna dina kedudukan masyarakat Arab masih
disaruakeun jeung BUDAK BELIAN (asa istilah basa indonesia ieu mah,
basa sunda naon nya ?!)... asa ku sering2 teuing TKW di Arab rarusak,
padahal nu di Taiwan atawa Hongkong malah aya nu nepi bisa kuliah
jeung jadi Penulis Buku sagala (tapi eta ge sok aya nu disiksa ketang,
ngan teu pati sering jiga nu di Arab)...

cik sugan aya wargi KUSNET nu apal atawa kungsi lila hirup di Arab...
panasaran yeuh si kuring... beuki panasaran lantara ngaran kuring
Hasan... pokona mah kuciwa we lah...



^_^   




--- In urangsunda@yahoogroups.com, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kedah dijentrekeun Teu kabeh urang Arab teh Habib, henteu pisan!!!
Dina make judul habib ge aya habib nu ngagugulung agama aya habib
tukang kepruk, ngaruksak!
> JP
> 
>  
> Makarya Mawa Raharja


Kirim email ke