SIM KURING BADE NAROS, KEUR KAJADIAN NABI MUHAMMAD NARIMA WAHYU DI GUA HIRO 
ARAB, NABI TEH KU JIBRIL DI TITAH MACA NYA, CENAH IQRO...IQRO....!!!! NA NABI 
MUHAMMAD TEH DI TITAH MACA NAON...?
NUHUN, PUNTEN PANGWALERKEUN KA KURING, PENGETAHUAN LAH 


----- Original Message ----
From: Dian Nugraha <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Tuesday, June 3, 2008 3:37:53 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Bukti Al-Quran Ti Alloh


Perkawis anu diserat ku kang Gusaeni, "Dinu kamungkinan ka hiji urang arab 
(lain saurang dua urang) teu bisa nyambut ka tangtangan Alloh, jadi asup akal 
lamun Muhammad anu sorangan tangtu moal bisa." Diwalerna teh, yen kangjeng Nabi 
Muhammad sanaos 'ummiy, nanging anjeunna teh pinter kacida. Janten anu nangtang 
urang Arab teh sanes Alloh, nanging kangjeng Nabi nyalira.

Nalika disebatkeun ayat Qur'an, "upama Qur'an lain ti Alloh, tangtu maraneh 
bakal nimu pacegcogan di jerona". Aya ateis anu ngawaler, "Einstein oge mampu 
nuliskeun tiori-tiori anu konsisten hiji jeung nu lian, konsisten oge jeung 
fenomena alam, boh nu kapanggih ayeuna, boh nu kabuktikeun sanggeusna. Naha 
Einstein kenging wahyu ti Alloh?

Teras aya hiji deui kamungkinan, yen
4. Qur'an teh cutatan sareng robihan tina kitab sanes (Bibel sareng Talmud).
Pedah dina sajarahna kangjeng Nabi Muhammad teh saurang padagang anu sok ka 
mana mendi dagangna. Kukituna seueur kontak sareng ngobrol sareng 
pendeta-pendeta nasrani, oge kaum Yahudi. Anjeunna janten sok nguping cariosan 
pendeta sareng kaum Yahudi. Cariosan pendeta-pendeta ieu diemutan deui ku 
kangjeng Nabi, anu henteu luyu/teu konsisten dilelempeng, teras dikedalkeun 
mangrupi Qur'an.

Patarosan-patarosan sanesna anu nyusul
- kumaha ngabuktoskeun yen wahyu turun ngaliwatan Jibril?
- kumaha ngabuktoskeun yen isra-mi'raj teh kajadian?
- jrrd. 
Sadayana, ari katingal ti luaran mah kedalna mung ti kangjeng Nabi Muhammad 
nyalira. Anapon sahabat sareng nu sanesna (anu ariman), henteu nyaksian 
langsung, iwal ti percanten/iman kana cariosan kangjeng Nabi.

Salam,
Dian.

2008/6/3 gusaeni <[EMAIL PROTECTED] i.com>:

Kamungkinan asal muasal Al-Quran aya 3 :
1. Al-Quran jieunan urang arab, sabab bahasana arab jeung turun
diarab.

2. Al-Quran Jieunan Muhammad, sabab manehna nu mamawa Quran

3. Al-Quran bener-bener ti Alloh.

Aya kamungkinan nu sanes ??

1. Pamaggih anu nyebutkeun Al-Quran Jieunan urang arab ieu pamanggih
anu salah, naha ?
Sabab Al-Quran nangtang bangsa arab keur nyieun tandingan Al-Quran :
Dina surat Hud ayat 13 :
"Omongkeun : datangkeun 10 surat anu bisa nyaruaan Al-Quran"

Dina Surat Yunus ayat 38 :
"omongkeun:(Lamun bener anu anjeun omongkeun), coba datangkeun hiji
surat wae anu sarupa"

Tah urang arab dugi ka ayeuna teu bisa nyambut kana tangtangan eta,
hartina pamanggih yen Al-Quran jieunan urang arab katolak. Asup akal
sabab urang arab teu bisa nyieun kita anu samodel Quran.

2. Pamanggih anu nyebutkeun Quran jieunan muhammad oge salah, naha ?
Sajenius-jeniusna Muhammad, manehna tetep urang arab. Dinu kamungkinan
ka hiji urang arab (lain saurang dua urang) teu bisa nyambut ka
tangtangan Alloh, jadi asup akal lamun Muhammad anu Sorangan
tangtu moal bisa.

3. Tah tinggal kamungkinan ka tilu, yen Al-Quran ti Alloh.
Tah ieu nu bener, lamun lain ti urang arab, lain ti Muhammad, nya timana
deui eta Al-Quran Ari lain ti Alloh.
Alloh ngajangjikeun keur ngajaga kamurnian Al-Quran tepi ka Ahir
jaman, ieu kabuktian nepi ka ayeu Al-Quran teu aya parobahan, eusina
tetep sarua. Sok sanajan kelompok beda-beda, bisa Sunni, Syi'ah, NU,
Muhammadiyah jeung nu sejena, eusi Al-Quran-na sarua. Beda jeung agama
nu sejen.
Ieu beuki nguatkeun yen Quran bener-bener ti Alloh.

Lamun urang geus ngabuktikeun ku jalan kieu, Insya Alloh kaimanan
urang ka Al-Quran sanes kaimana nu dipaksakeun( Dogmatis) . Tapi kaimanan
anu tos bisa dibuktoskeun

Tuesday, June 3, 2008, 4:43:31 AM, you wrote:

> Aya tilu kalimah dina seratan kang Gusaeni:
> 1. surga, naraka, malaikat, mu'jizat, eta sadayana diterangkeun dina Qur'an
> 2. al-qur'an datangna ti Alloh
> 3. anu datang ti Alloh pasti bener, mustahil salah.
> 
> Kalimah ka-1 tiasa dibuktikeun leres.
> Kalimah ka-3 mangrupi definisi. Definisi mah pasti tur kedah leres.

> Tah kantun kalimah ka-2. Wireh abdi matuh (samentawis) di nagara
> Kaler, seueur ateis anu nanya, "kumaha ngabuktikeun Al-Qur'an datangna ti 
> Alloh sacara ilmiah?"
> 
> Wassalaam,
> Dian.

 


      

Reply via email to