Kalayan Hurmat,

Alhamdulillahirobbil Allamien, jisim abdi sareng rerencangan, parantos tiasa 
medalkeun Majalah Sasihan Basa Sunda SALAKA edisi anu Katilu (Juni 2008).
Anu eusina diantawisna:

Lalayang/Serat
http://www.salaka.net/?page=Lalayang

Midangkeun:
Pamadegan, kereteg hate, pameda (kritik), usul/saran anu didugikeun ka Salaka 
Online ngalangkungan Uparengga Diantos (http://www.salaka.net/?page=ContactUs) 
atanapi ngalangkungan E-mail/Surelek ka [EMAIL PROTECTED]

Lawang Gintung/Tina Meja Rumpaka
http://www.salaka.net/?page=LawangKori

Midangkeun:
Saabad Kebangkitan Nasional
Ngajanggelekna wujud Indonesia, jadi hiji nagara merdeka mibanda daulat, 
sajajar jeung nagara sejen di ieu bumi, lain hasil tina ngalamun. Tapi tina 
guruntulna kristalisasi sumanget, cita-cita, jeung harepan nu ngagedur 
ngabebela, ngaduruk unggal renghap ambekan, gumuruh dina unggal dada 
ngabuliklak, getih asak ngagolak, diasieup kayakinan nu dibulen tekad ngahiji, 
sareundeuk saigel, dina iuh-iuh beureum-bodas, wawanen sampur sutra budi. Jadi 
titik panginditan tatapakan pangapungan, ngahontal sampiung kabiruyungan di 
alak-paul. Nu tadina pamohalan, ngajengleng jadi cecekelan pageuh opatratus 
seler bangsa di tujuhwelas rebu pulo sa-Nusantara. Ngageleger 
handaruan,ngarenjagkeun pangeusi buana pancatengah. Ngahaung ngalanglaung, 
parat ka opat madhab, nurih langit kalang juritan: M E R D E K A.
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=107&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=21

Paraloka/Kaagamaan
http://www.salaka.net/?page=Paraloka

Midangkeun:
Kawijakan Pendidikan Islam Nurutkeun Al-Qur'an
Islam teh ngaran pikeun sareat nu ditepikeun ka Nabi atawa Rosul-Na, fungsina 
sabage patokan pikeun manusa dina ngajalankeun fungsi, peran jeung statusna 
sabage 'abd jeung khalifah. Dina upaya ngahubungkeun antara Islam jeung praktek 
pendidikan, para ahli make sababaraha istilah: Pendidikan Islam, Pendidikan 
Agama Islam, Pangajaran Agama Islam, Studi Islam, Islamologi, jeung Etika 
Islam. Eusina, ngaliwatan proses pendidikan urang bisa paham kana ajaran Islam 
jeung bisa ngamalkeunana dina kahirupan sapopoe. Patali jeung eta para ahli 
pendidikan agama Islam nyebut 2 konsepsi dasar pikeun mekarna pendidikan agama 
Islam, nyaeta ta'lim jeung ta'dib, anu ngalimpudan masalah pangeran, manusia, 
jeung alam. Ngaliwatan pendidikan agama Islam unggal individu dipiharep bisa 
ngarasakeun deuketna ka Allah Rabb al-'Alamin, Dzat anu jadi sumber jeung 
pibalikkeun.
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=106&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=22

Cinta Ka Alloh A'zza Wajalla
Sagala puji mung Allah anu kagungan. Mung kanggo Anjeuna. Ka Anjeuna urang 
sadaya nyuhunkeun pitulung sareng ampunan. Ka anjeun-Na urang nyuhunkeun 
panyalindungan tina kajahatan diri, sareng kaawonan amal, sarta perilaku urang 
sadaya. Saha wae anu dipasihan pituduh ku Allah SWT, teu aya anu tiasa 
ngahalangan sareng saha wae anu disasarkeun ku anjeun-Na, teu aya anu tiasa 
ngalempengkeun.
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=105&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=22

Fungsi Masjid
Tugas atawa fungsi utama masjid nu kahiji nurutkeun hartos kecap, nyaeta tempat 
sujud. Dina dinten kahiji hijrahna Nabi sumping ka Yatrib anjeunna ngadegkeun 
masjid di kampung Qubah. Saparantosna eta masjid rampung, anjeunna solat 
disarengan ku golongan Muhajirin sareng Anshor. “Wasjud waktarib!” Geura sujud 
ka Pangeran jeung ibadah. (Q.S. Al Alak: 19). Masjid teh tempat solat fardu 
jeung sunat, boh sacara munfarid atawa berjamaah.
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=109&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=22

Paraguna/Kabudayaan
http://www.salaka.net/?page=Paraguna

Midangkeun:
Carpon: Gering
Nu ngariung masih keneh ting haruleng, maranehna daratang ti opat madhab, taya 
nu wani muni. Aya nu silih pelong, aya nu tungkul kawar keur mikir, aya oge nu 
tatanggahan, kawas hayang milang geblogan hareup di awing-awang.
Kabeh ting korejat, dariuk deui ajeg dina saurut-urutna, barang ngadenge aya nu 
datang.
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=104&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=23

Carpon: Malawading
Tapak lacak di bubulak, sesa tina moho moro-moro buron, jadi tatapakan 
pangapungan malar bisa nepikeun talatah ku tungtung letah tina khotaman rosul, 
najan bentang celong matameong, keukeuh hayang katitipan jati, da puguh di 
sampalan aya maung jeung uncal, nu nyurungkuy tina kaulinan pikiraneun. Meuseuh 
ucap nu leumpeuh katejeh pur na Si Jelug, urut peuyeuh ngajaladri ku pangwelah 
jangjang japati pateuh. Padahal beureumna layung dina kalangkang tajug sisi 
balong, mawa rineh sesa pangduruk langit , nu ngahaleuang dina sora lagu maneuh 
tur matuh, sanajan ramo nu rumegang garing ngeukeuweuk bonggol kayakinan, 
murudul tina ranggeuyan potret lampah ,nu leuwih mahal tibatan inten.
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=103&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=23

Galindeng Kacapi Diri (2), Carita nyambung Dyah Kania Pitaloka
Asa cik keneh manehna wawuh jeung Ika teh, padahal geus nahun, tapi katineung 
atina tetep nganteng, najan ngaliwatan rorongge kahirupan oge. Mimitina basa 
keur libur panjang smester hiji, manehna balik ka lembur, harita kabeneran aya 
barudak mahasiswa salahsahiji paguron luhur nu keur KKL (Kuliah Kerja 
Lapangan). Manehna ku lurah diwanohkeun ka ketua kelompok nu ngurus widang 
perpustakaan.
“Neng tah ieu jalmina nu bade mantuan Eneng teh, jenenganana mah pun Deni. 
Kaleresan nuju aya di lembur, sok ka inyana we bilih aya taroskeuneun mah!” 
Ceuk Lurah.
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=102&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=23

Lagu - Lagu Sunda
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=101&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=23

Sajak & Puisi
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=100&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=23

Sajak-sajak Inu Nugraha
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=99&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=23

Prepantun/Sajarah
http://www.salaka.net/?page=Prepantun

Midangkeun:
Tarumanagara Karajaan Gede Di Nusantara (Bagian 2)
Salapan poe sabada wafatna Purnawarman, putra mahkota, Wisnuwarman dijungjung 
–lungguh jadi raja Tarumanagara ka opat, dina tanggal 14 bagian can, bulan 
Posya taun 356 Saka (3 Desember taun 434 M). Pesta ngadegraja lumagsung tilupoe 
tilupeuting. Dina tanggal 2 bagian caang,bulan Jesta taun 357 Saka (Mei/Juni 
taun 435 M), dikirim utusan Tarumanagara, mere iber ka sakur nagara 
sobat.Diantarana ka Cina, Syangka, Campa, Yawana, , Sumatera, Bakulapura, 
India, Srilangka, Darmanagari, jeung sababaraha nagara di Nusantara.Kalawan 
mawa pesen Purnawarman, sangkan sosobatan leuwih diraketkeun.
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=97&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=24

Mohammad Toha, Pahlawan Bandung Selatan
Urang Bandung pada arapal, terminal, Kebon Kalapa, mun teu salah awal taun 
70-an tadina terminal Mohammad Toha, diganti jadi terminal Abdul Muis.Jalan nu 
ti jalan Pungkur nepi ka Bypas Soekarno-Hatta, disebut jalan Mohammad Toha, aya 
pasar tukangeun ITC Kebon Kalapa, ngaranna pasar Mohamad Toha. Malah aya SD 
ngarana SD Mohammad Toha. Saha ari Mohammad Toha teh? Rada hese neangan jalma 
nu apal kana raratanana, galur bajuangna, komo kana riwayat hirupna,Mohammad 
Toha. Ukur tatalepa tina cenah kana cenah nu jolna ti kolot, nu kungsi milu 
jadi pajuang angkatan 45. Mang Didi, nu disarebut Abah hiji kolot nu legok 
tapak genteng kadek, lega ambahan pangalamanana, malah kungsi jadi pajuang 45, 
milu ngarebut kamerdekaan Indonesia.
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=98&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=24

Purbastiti/Tatakrama
http://www.salaka.net/?page=Purbastiti

Midangkeun:
Undak Usuk Basa
Undak-usuk basa, asalna tina kecap undak=naek, atanapi ngaronjat, Usuk= susunan 
dina suhunan, nu engkena ditempatan ereng, kanggo masang kenteng. Masang usuk, 
mapay ti handap ka luhur. Kawitna tina pangaruh basa Jawa. Da basa Sunda di 
Karaton Sunda mah, datar/demokratis. Dupi gunana, undak usuk teh kanggo 
ngabentenkeun nu diajak nyarios, ngagambarkeun rasa hormat, sanes feodal.
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=94&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=25

Babasan Jeung Paribasa
Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap 
kantetan.
Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. 
Biasana dina wangun kalimah.
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=96&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=25

Sawandana
Sesebutan ka jalma di urang Sunda mah kacida reana. Ari anu dijadikeun 
patokanana aya opat rupa nyaeta :
A. Nyokot tina patokan bedana umur
B. Nyokot tina patokan rupa,wanda jeung kaayaan
C. Nyokot tina patokan tingkah laku
D. Nyokot tina pangkat jeung pagawean.
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=95&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=25

Byapari/Tokoh, Pangajen, Panghargaan
http://www.salaka.net/?page=Byapari

Midangkeun:
Daeng Soetigna, Pencipta Angklung Diatonis-kromatis, Nu Kiwari Geus Kamashur sa 
Dunya
Saha nu teu nyaho ka Daeng Soetigna? Tokoh pendidikan anu nyiptakeun alat musik 
Sunda angklung make sistem nada diatonis-kromatis, anu lain bae kawentar sa 
Indonesia tapi nepi ka sakuliah dunya. Lantaran jasana dina widang kesenian, 
inyana dileler Satyalancana Kebudayaan ti Presiden RI. Jadi sabenerna Daeng 
Soetigna teh Pahlawan Kabudayaan asal tatar Sunda. Rupa-Rupa barang bisa 
dijieun tina awi. Aya jambatan, munara, hiasan, barang rumah tangga. Jeung apan 
imah oge aya keneh anu dijieunna tina awi. Tihang awi, bilik, lante, pager, 
korsi, meja, jeung rea-rea deui. Instrumen kesenian saperti suling, calung 
jeung angklung. Di antara alat kesenian nu geus ngambah dunya teh nya eta 
angklung.
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=93&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=26

Pawayagahan/Carita Alam Aheng
http://www.salaka.net/?page=Pawayagahan

Midangkeun:
Dibawa Kalangit
Imah mang Udin teh disisi walungan Citarum, sedeng gigireunnana kuburan jeung 
kebon awi. Katelah eta kebon awi ku padumuk didinya disebut Cibentang. Cenah 
mah mun anu asup ka Cibentang seug poho teu pamitan, sok linglung. Kukurilingan 
teu bisa kaluar.Mun linglung isuk-isuk, sore karek bisa kaluar.Tapi lamun 
kabeneran aya jalma anu ngala suluh atawa urang dinya anu rek ka cai (ka 
Citarum) kakara bisa dikaluarkeun. Lamun peuting kabeneran ngaliwat ka 
Cibentang, sok remen anu mangihan ucing candramawat ngalendotan kana suku. Mun 
ditajong eta ucing bakal ngagedean nepi ka sagede anak munding. Kuurang dinya 
disebutna Kiciwis.
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=92&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=27

Guruwerti/Opini, Bahasan
http://www.salaka.net/?page=Guruwerti

Midangkeun:
Puncak Budaya Cirebon
Kabeneran kuring kudu marengan urang Diparda, nu diondang kana Gelar gebyar 
budaya Cirebon di Teater Terbuka Taman Budaya – Dago Tea House. Ngawakilan 
Kepala Dinasna. Kulantaran ondangan tabuh dalapan peuting, atuh indit teh tabuh 
tujuhan bada Isya. Dina ondangan ditulis kudu hadir 15 menit samemeh upacara 
dibuka. Ti barang datang ge geus karasa beda haeubna, di palataran hareup, 
dibageakeun ku seni tarling, kasangtukangna baliho rupaning kabudayan Cirebon, 
dilengkepan ku jadwal digelarna rupaning kagiatan. Geus saminggu sabenerna mah, 
ti tanggal 3 Mei keneh, geus dicalagarakeun pameran, ngawengku batik 
trusmi,katut demo cara ngabatik, dibarung ku rupaning hasil industry 
kaparigelan rahayat.
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=91&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=29

Teh Ucu Tisna Subita, boga kabisa ti Raden Dewi Sartika?
Urang Sunda, umumna Jawa Barat reueus lantaran salah sahiji istri Sunda nu 
diistrenan sabada tilar dunya jadi Pahlawan Nasional, nelah Rd.Dewi Sartika. 
Raden Dewi mangrupa kembang anu mekar nyengitan tanah Sunda, tanah kadeudeuh, 
tanah urang Parahiangan. Anjeuna pahlawan anu merjuangkeun kaom wanita tina 
kabodoan alatan sikep penjajah supaya para wanoja di jaman harita hirupna ngan 
ukur ngaladenan nujadi salaki wungkul..
Perjuangan Raden Dewi Sartika geus kawentar hususna ku urang Jawa Barat. 
Anjeunna kungsi muka sababaraha kursus kawanitaan, boh kursus ngaput, ngarenda 
jeung rupa rupa kaparigelan istri. Kungsi ngadegkeun sakola kawanojaan anu 
disebut Sekolah Kautamaan Istri (ayeuna jadi SMP Negeri 48), nepi ka di Bandung 
aya jalan ngaranna jalan Kautamaan Istri. Eta hiji panghargaan kana perjoangan 
Raden Dewi Sartika.
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=89&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=29

Poe Pere Dipindahkeun, Nguntungkeun?
Geus sababaraha kali dunya pendidikan ngalaman pere pikeun mieling hari raya 
kaagamaan dipindahkeun. Lamun perena Salasa atawa Rebo dipindahkeun ka poe 
Senen, lamun perena Kemis atawa Jumaah jadi poe Saptu. Sabenerna hal ieu 
ngarugikeun kana proses diajar-ngajar dina poe Senen jeung Saptu. Muga-muga 
taun anyar ieu mah moal kajadian deui.
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=90&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=29

Yully Budiarti, Nyanyi Ngan Saukur Hobby
Dunya tarik soara, dunya anu satiap waktu bakal ngadatangkeun bahla mun teu 
bisa ngajagana. Gosip jeung omongan sumbang , boh ti tatangga atawa ti batur 
sapropesi bisa mandegkeun karir nu milampahna. Kitu meureun anu kaalaman ku 
Yully Budiarti kalahiran Bandung 27 Juli 1977 dina mekarkeun karirna widang 
tarik soara alias nyanyi anu geus meh 18 taun icikibung bari teu weleh nampa 
cocoba. Tapi leukeun di lakonan alatan kabisa dina widang ieu teh sok sanajan 
ngan ukur hobby , tapi bisa ngahasilkeun duit anu lumayan.
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=112&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=29

Maraspande/Wisata
http://www.salaka.net/?page=Maraspande

Midangkeun:
Situ Cileunca, Sarana Wisata Pangjugjugan Balarea
Situ Cileunca pernahna di Kacamatan Pangalengan Kabupaten Bandung, jauhna 
kurang leuwih 42 Km ti kota Bandung ka tebeh kidul, ngaliwatan Dayeuh Kolot, 
Bale Endah, Banjaran, Pameungpeuk sarta Cimaung, pernahna teu kurang ti 2.500 
meter luhureun beungeut cai laut. Teu aneh lamun hawana karasa tiis nyecep, 
antara 15-24 derajat celsius.
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=88&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=51

Hareupcatra/Kadaharan, Masakan
http://www.salaka.net/?page=Hareupcatra

Midangkeun:
Borondong Majalaya
Di Majalaya sorangan, kadaharan anu ngaran borondong geus pada nyaho. Kadaharan 
anu geus turun tumurun dipigawe ku masyarakat Majalaya keur nyuguhan tatamu, 
dagangeun atawa keur bawaeun mun kabeneran aya anu kariaan saperti ngawinkeun 
atawa nyunatan, pasti kadaharan borondong aya didinya. Tapi sanggeus rea 
kadaharan ala deungeun, anu nyarieun borondong mimiti “gulung tikar”.
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=110&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=31

Badingkut/Rupa - rupa, warna - warni
http://www.salaka.net/?page=Badingkut

Midangkeun:
Titin Gilang Hadi
Ceuk Saha hobi teu bisa jadi usaha tambahan? Tina karesep atawa hobi lamun ku 
urang dipigawe kalawan daria pasti bakal ngahasilkeun hal-hal anu mangpaat. 
Malahan bisa jadi pagawean tambahan. Bari henteu jeung ninggalkeun pagawean nu 
geus baku. Di handap ieu dipedar pangalaman hiji wanoja teureuh Sumedang, Hj. 
Titin Gilang Hadi, anu pagawean sapopoena jadi patugas dina widang kasehatan, 
aktifis pramuka, tapi mindeng pisan jadi mc (master of ceremony) dina unggal 
kagiatan pirang-pirang organisasi jeung utamana mah dina upacara pernikahan.
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=87&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=32

Belenyeh/Guguyon
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh

Midangkeun:
Makan siang
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=80&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=33

Group Band
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=81&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=33

Saha nu Goblog?
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=82&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=33

Loba
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=83&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=33

Lalajo Wayang
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=84&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=33

Taraweh
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=85&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=33

Dagang Cingcaw
http://www.salaka.net/index.php?mact=News,cntnt01,detail,0&cntnt01articleid=86&cntnt01dateformat=%25d%20%25b%20%25Y&cntnt01returnid=33


Mugi janten uninga, oge timpah hatur nuhun, upami kersa ngalongok.

Rumpaka Salaka
http://www.salaka.net - Sunda sadu Santa Budi
Imah pangancikan Raga, Basa pangancikan Rasa, Sunda pangancikan Kula.

------------------------------------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Reply via email to