Tetep wae hese kang ari nyaioskeun Al Quran sareng hadits mah...kumargi
didinya oge kapaelak kayakinan urang..tina lairan anaon (aya 3 ratusan
aliran pamahaman). Mun bade di padungdengkeun sae wae sapertos dina Milis2
islam..eramuslim..Hidayatulllha...Biasana padungdengna sabuder Kayakinan tea
tar dicampur sareng hukum positip..masalah sosial di Indonesia....sareng
diskusi2 bebas kaelmuan..

On 6/13/08, YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   joni wirawan wrote:
> >
> > duh si akang......apanan iblis oge ihlas kang asup ka neraka.....leres
> > kang
> >
>
> ki dulurs,
> pami teu lepat, urang kumpul-kumpul kieu teh dasarna silih asah silih
> asih silih asuh. jadi pami tea mah dugi padungdeng, ulah milari nu
> meunang eleh, kulantaran gede atanapi hade omong, tapi estu urang milari
> jalan nu kumaha benerna ceuk ukuran nu ku urang tos ditarima. ukuran nu
> tos bisa ditarima ku balarea contona bae: hukum positif [sanes
> perasaan], sumawona alquran sareng al hadits mah. Sapuk....?
> Ngeunaan iblis, syetan sste ihlas asup ka naraka, asana teh tacan
> kacarioskeun? Mung nu buktos bae syetan teh "menta" syarat ka Allah ta
> ala teh, jujur bae, pami menta syarat mah tebih tina ihlas. Mungkin ku
> ayana sifat hiri dengki panasbaran, mun aing kieu batur oge kudu sarua!
> Tah eta pisan sifatining bangsa syetan teh.
> Wangsulan kana maksud kuring ti payun, maksud teh ngabandingkeun
> ahmadiyah sareng gerakan-gerakan agama - nu ngaatasnamakeun Allah ta ala
> - alias sarupaning nu paralsu. Hal ieu didasarkeun kana firman Allah Ta
> Ala di Al Haqqah:44~47 ["Saupamana maneh ngaya-ngaya ngaatasnamakeun
> Kami. Pinasti Kami bakal nyekel leungeun katuhu maneh. Terus Kami bakal
> potong urat tali beuheung maneh. sst......."]. Hal ieu ancaman ka sing
> saha bae nu ngabohong, ngaku-ngaku meunang wahyu ti Allah Ta ala,
> padahal henteu, pinasti bakal perlaya dina kahinaan, malahan pangikutna
> oge bakal ilang musna taya tilas. Contona: Musalaimah, dina waktu ieu
> tos teu aya deui para pangikutna.
> Tah naha urang teu yakin kana anceman Allah Ta Ala nu kaunggel dina
> Alquran?
> Ieu mangrupi mekanisme cara Allah Ta ala ngariksa kana kamurnian
> Alquran:"Kami nu nurunkeun Alquran, Kami oge nu ngajagana"
> Perkawis nu tiasa merangan dugi ka ngelehkeun syetan mah, memang
> kaunggel dina Alquran yen godaan syetan teu bisa dielehkeun iwal ku
> jalma-jalma nu ihlas [punten nomer ayatna, engke nyusul, tacan kapendak
> - aya nu uninga...?]
> Rupina kitu manawi, wilujeng wik en.................
>
> salam,
> yadi
>
> >
> > */YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED] <yadi%40wendy.web.id>>/* wrote:
> >
> > joni wirawan wrote:
> > >
> > > "......Tos saratus taun langkung ahmadiyah aya, tos sakitu
> > > lamina oge ahmadiyah dihujat, dianiyaya, digugat, dibekot sste
> > sanes
> > > janten
> > > punah, tapi kunaon masih aya bae, malih sawangsulna sigana teh
> > mangkin
> > > maju bae?
> > > Asana teh moal aya kakuatan dunya nu tiasa mempertahankeun hal ieu,
> > > iwal......
> > > [laa khaula walaa kuwwata illa bilah]"
> > >
> > > ah akang mah tiasa wae,..... sanajan iblis jeung setan leuwih sepuh
> > > tibatan ayana jalma oge, nepi ka kiwari mah teuteup aya, kitu lain?
> > > atuda moal aya kakuatan dunya nu tiasa membasmi iblis iwal.........
> > >
> >
> > jalmi nu ihlas...... leres kang
> >
>
> 
>

Reply via email to