Diantawis sababaraha milis 'Sunda': [EMAIL PROTECTED],
[EMAIL PROTECTED], [EMAIL PROTECTED], hampir sadayana nuju
'geunjleung' ku perkawis pulitik, liberalisme, pluralisme ieu.

Wassalaam,
Dian.

2008/6/16 Syarif Niskala <[EMAIL PROTECTED]>:

Sampurasun...

Punten, ka baraya, aya anu gaduh info milist Kisunda nu sanes teu? Abdi mah
riweh ku postingan pulitik, liberalisme, pluralisme.  Lieur ngabandungan ieu
milist, tiap dinten ngan ngadungdengkeun 'kagorengan Islam' tur kalemahan
ummat Islam.

Puguh ari Islam mah, geus di jamin ku Allah Swt, mulia tur moal aya anu
leuwih ti Islam.  Ari ummat na mah, nyaeta tea, loba pisan nu teu ridho mun
urang Islam caket sareng Islam-na.
Da can dilakonkeun sajatina dina kalakuan ge, Al Quran teh tos janten
hiji-hijina kitab anu pang pantesna ti Allah Swt.  Abdi teu acan ngadangu
(komo nyaksian bungkeuleukan mah), aya ummat lain Islam anu tiasa apal kitab
sucina.  Malihan anu disebut 'nabi', 'rasul', urang suci; teu
satengah-tengahna acan.  Eta Li Eden anu ngaku Jibril, geuning teu apal
ngolotok, naon wae anu geus dituliskeun ku soranganana.

Rarasan teh, di ieu milist seueur rengrengan IsLib.  Naha ari urang sunda,
seueur nu kararieu?  Bararaid teuing ah.

Punten pisan, abdi bade un-subscribe.  Upami aya baraya anu bade ngintunkeun
milist Kisunda sanes, diantos via japri we nya.

Hatur nuhun sateuacanana.

Wassalam

Syarif Niskala
syarifniskala.wordpress.com

Kirim email ke