Si Tini keur uring2an siga anu rungsing. Masalahna si toni, kabogohna anu
ditungguan kabarna ngan ukur ngamiskolan wae. Si tini kacida bungahna
unggal Hpna disada, dina layar HPna aya ngaran kabogohna, si Toni. Tapi
unggal Hpna diangkat sok langsung pareum, alias ngan ukur MissCall
wungkul.

Kusabab keuheul kacida, ahirna si tini nelpon balik ka si toni,

Tini : "Maksudna naon sih..?? nga miskolan wae titadi!!"
Toni : "Hehe.. kieu say, dangukeun heula atuh..!!"
Tini : "Kua kieu, kua kieu..!! Mun emang mbung ngamodal, ulah bobogohan
atuh..!!"

Toni : "Ulah waka ambek2an kitu atuh say..!!"
Tini : "Males lahh boga kabogoh kere siga kitu teh.. geus urang putus we
lahh..!!"

Toni : "Euleuhhh.. naha geuningan jadi gawat kieu say..!!"
Tini : "Pokona geus males lah boga kabogoh model maneh..!! Miskol teh
tandana teu mampu..!!!"

Toni : "Sanes kitu atuh say... Miskol teh artina tanda nyaah.!!"
Tini : "Tanda teu mampu..!!"
Toni : "Tanda Nyaah..!!"

Kitu we duanana pangotot-ngotot.

Tini : "Teu asup kana akal.. Miskol kasebut tanda nyaah..!!"
Toni : "Ya iya lahhh.. masa ya iya dong...!! Eta teh tandana abi nyaah...
nyaah kana PULSAna...!!!"

Tini : "*&*%$%#*^(**))@@[EMAIL PROTECTED]"

*Mun aya ngaran anu sarua, wayahna we da eta mah dihaja..!! :D
**Meunang nerjemahkeun ti milis sumitomo**

-nzi-




Kirim email ke