"Kucri..ii..ii..iit urang amee..e..e..eng " saurang budak lalaki lucu
ngageroan babaturanna di hareupeun hiji imah. Lamun ditingali saliwat mah
eta budak teh sarimbag pisan jeung budak lucu botak anu sok maen film
mandarin, nyaeta Bo Bo Ho tea. Sirahna gundul, awakna lintuh, kulit koneng,
matana sipit. Nu matak babaturanna mah sok nyebut si Boboho wae ka
manehna teh.

Budak eta teh ngarana Thai Si Rit, anakna babah Thai Ku Ciang. Engko Ciang,
sebutan sapopoe babah Thai Ku Ciang, teh tatanggana si Kabayan di Babakan
Linux. Engko Ciang teh cina muallaf. Manehna asup islam sanggeus kawin jeung
Nyi Sarboah anakna ma Ijot. tadinamah engko Ciang teh duda boga anak hiji
nyaeta si Thai Si Rit atawa si boboho tea. Pamajikan engko Ciang anu kahiji
maot basa ngalahirkeun si Thai Si Rit. sanggeus sababaraha lila ngaduda,
engko Ciang kapincut ku Nyi Sarboah anu montok bahenol eplok cendol,
anu ahirna mah dikawin ku manehna. Kahirupan kulawarga babah Thai Ku
Ciang runtut raut sauyunan.Sanajan ka anak tere, Nyi Sarbo'ah nyaaheun
pisan ka Thai
Si Rit teh, sabab budakna keur lucu teh bageur henteu carekkeun.

Babah Thai Ku Ciang teh pakasabana dagang di Pasar Golodog. Manehna ngajualan
sarupaning alat elektronik kayaning Henpon, Komputer, jeung asesorisna.

"Ma,  ujang rek ameng heula nya" ceuk hiji budak anu taya lain si
Kucrit Persihiji, anakna Kabayan.
"Enya jig, tapi uihna ulah burit teuing nya. Yeuh ema boga tomat dua,
keur ujang hiji keur si Thai Si Rit hiji" walon nyi Iteung bari mikeun
buah tomat dua siki nu galede ka si Kucrit.

 Si Kucrit umurna geus nincak 9 taun. manehna jeung Thai Si Rit sakola
di SD Otodidak. Di babakan Linux aya komplek sakolaan anu ngarana
Otodidak. Di Otodidak, sakola teh lengkep ti mimiti TK, SD, SMP, SMU &
SMK sagala jurusan, Politeknik, nepi ka  Universitas ge aya. malah anu
hayang neruskeun Pasca Sarjana jeung program Doktoral oge aya. Samalah
Post Doktoral oge aya.

Komplek sakola Otodidak teh mimitina di wangun ku saurang guru anu
linuhung anu ngarana Pa Ngalaman. Nepi ka ayeuna, Pa Ngalaman teh
mangrupakeun salah sahiji guru anu gede pisan pangaruhna dina kagiatan
kaelmuan di Komplek sakola Otodidak.

Dina hiji poe, si Kucrit ngarenghik ka bapana hayang di pangmeulikeun
komputer. Cenah di sakolana geus diajar komputer si Kucrit teh, jeung
deui manehna oge resep nyoo komputer. Atuh bapana eleh deet, nya dina
poe minggu si Kabayan ngajak anakna ka toko babah Thai Ku Ciang di
pasar Golodog.

"Assalamu'alaikum Ko."

"Hayya... wa'alaikum salaam. eleu-eleu geuning aya kang Kabayang. Bade
kamana kang Kabayang teh?"

"Ngahaja Ko ulin ka toko engko. itu anak kuring si Kucrit, ngarenghik
hayang komputer cenah. cik cik cik, komputer anu alus merek naon Ko?"

"Hayya, kang Kabayang, lamun komputel beda ejeung TV. teu bisa nanya
melek naon, ku sabab komputel mah lolobana dijual lakitan."

"Ah si Engko mah, meuli komputer teh kawas meuli munding wae, kudu
meuli sarakit. Ieuh Ko, kuring mah ngan butuh hiji komputer teh, eta
we keur si Kucrit wungkul, moal meuli dua,  da barina oge jang naon nu
hiji deuina?"

"Hayya, kang Kabayang teh kumaha, cenah rek meuli komputel, tapi kalah
ngomongkeun munding. teu ngalti oe mah."

"Atuh da eta geuning si engko nyaritakeun, komputer mah dijualna
rakitan. Kapanan anu sok dijual rakitan mah munding lain? sarakit na
teh dua."

"Eleu-eleu lain lakitan dua atuh kang Kabayang, lamun komputel mah,
lakitan teh haltina hiji komputer dijieun tina alat-alat anu beda-beda
melekna."

"Lah beuki teu ngarti kuring mah, geus lah kieu weh. urang tanya we ka
budak na, hayang komputer teh anu kumaha. Cik ujang, hayang komputer
teh nu kumaha ?"


***nyambung euy :D

Kirim email ke