Kang Yadi..
Dina sagala hal oge, anu sipatna minoritas mah pastina
bakal neunggar kana nu sipatna mayoritas.
urangna kudu boga rumasa.
Mun enya loba nu teu suka, nya kudu eureun.
geus we kitu.

Soal pembelaan Kang Yadi kana Ahmadiyah, mangga teh teuing.
eta mah hakna Kang Yadi. Tapi tong sampe nimbulkeun 
kahuruan. Geus puguh dimana-mana ge soal ahmadiyah mah
loba nu nentang. Riweuh kabeh..
Aya gunana kitu ? keur kasundaan ?
ah da euweuh...

Sunda mah universal..sagala aya.
urang sunda ge apanan teu Islam kabeh.
Jadi, wayahna ka sakabeh..
nu Islam atawa jeung nu lain Islam, teu kudu pasea. 
Da Nabi ge tara nyuruh pasea...
Nabi naon we..
heueuh ?

Mun masih panasaran keneh, nya mangga we geura nga-japri
atawa japri masal ka pihak-pihak anu berurusan ngeunaan
hal ieu. Der diskusi nepi ka ngabudah didinya.
Tapi tong diabuskeun ka ieu milis.

Geus we di ieu milis mah urang mah ngomongkeun masalah 
kasundaan, basa sunda nu hade, budaya sunda, sejarah sunda,
wanoja sunda, atawa sagala nu aya bau-bau sunda.
loba apanan piobroleun nu matak tiis kana manah..
nu matak jadi seuri...
nu matak jadi mangpaat keur urang balarea

tong nyieun piobroleun nu matak ngabenghul dina tikoro.
teu kudu..

ngartos nya ?
pasti ngartos da tos ageung..


-Jay-


Yadi wrote :

dupi nu kasar? nyerat ku hurup kapital kalayan warna
beureum...........?????????????
>
>
> 6.Teu kaci ngagogoreng seler/etnik/ras/bangsa sejen [bangsa Sunda mah
> komo]. Dina ayana tulisan ngeunaan eta, jang diajar/peinteungeun.





rumasa sok posting ngeunaan pieunteungeun, contona soal nasib jendral
zia ul haq - peringetan pikeun jalma-jalma nu mikir.
>
>
> 7.Teu kaci ngogogoreng agama jeung kapercayaan batur. komo agama nu
> diagem mayoritas Urang Sunda [Islam].

kuring mah malahan ngabela ahmadiyah, kang jay, teu pisan-pisan
ngagogoreng agama sorangan [islam] mah tetebiheun.
>
>
> 8.Hak Penerbitan posting ka milis KUSnet diaku ku Yayasan Perceka,
> wadah di darat KUSnet.
>
> Baca sing teges nu nomer 7.
> Baca 7 balikan mah.
> mun can ngarti keneh, baca deui.
> mun can ngarti keneh bae, nya maenya teu ngarti-ngarti ih ?
>
> Cik, teu ngarti-na dina hal naon ?
> sok nyarita ..
>
> -Jay-
>






Kirim email ke