Kangge wargi Kusnet.
Wilujeng wayah kieu (wayah kumaha bae dibacana ieu surelek)
Kangge anu resep kasenian sunda tangtos uninga kasenian sunda anu namina rampak 
kendang. Tongtonan seger, gabungan musik, tari/joged, atraktip, jeung lucu, 
hayang seuri eta palebah hiji waktu kang Maulana kacele teu kabagean kendang 
tabeuheun, mas Prio oge katipu, waktu turun tina panggung jadi teu babarengan. 
Mangga nyanggakeun ieu penampilan Sabilulungan group di Hamburg sasih April 
kapengker. Wios telat ge nya da sanes laporan politik ieu mah.



Mangga diklik:


http://www.youtube.com/watch?v=EpuSkCplc_Q







Kangge anu panasaran hoyong uninga anu langkung jentre perkawis acara ieu 
atanapi Sabilulungan group, mangga diantos patarosanana. Langkung sae 
ditujukeun ka jinisna bae, tuh ka kang Dian.

Wasalam,
kang Trias




      

Kirim email ke