hampura baraya... rada nyalenggor saeutik. aya nu apal kana polemik
pantun bogor  teu. antara ajip rosidi jeung anis jatisunda, sakira
taun 1980-an? ari pamanggih bah ajip ka pantun bogor mah kungsi kabaca
dina kumpulan tulisanna dina buku "pancakaki", nu cenah kungsi dimuat
mangle. sedengkeun balesanna kungsi kasubat kasabit dina artikel kang
anis di koran 'jurnal bogor' sakira bulan mei 2008 ngan poho deui
tanggalna.

nanya teh pedah sebutan polemik teh ukur wangwangan kuring wungkul. nu
kacipta harita, dina taun 80-an, bah ajip jeung kang anis dor dar hog
hag parebut pantun bogor asli jeung palsu. tah nu jadi kahayangnyahoan
kuring teh, hoghag-na ajipxanis teh naha enya kungsi kajadian atawa
ukur aya dina imajinasi kuring wungkul? lamun bener aya, di mana eta
polemik kungsi kajadian, jeung naha eta polemik nepi ka tungtung teu
nya? jeung mun bisa mah hayang dibere salinan tina eta polemik.

nuhun saacanna

d

2008/6/24 mj <[EMAIL PROTECTED]>:
> KUJANG MENURUT
>
> BERITA PANTUN BOGOR[1]
>
,___



-- 
d-: dudi herlianto :-b
~karék cénah~

Kirim email ke