Punten sim kuring nyobian ngira ngira sejarahna. Ngan sigana mah bener.
Nu ngarana pakarang bisa naon bae, bisa kujang, keris, samurai, bedog, peso, 
malihan mah obeng oge bisa dipake pakarang. Tukang ngored mun dumadakan 
kadatangan musuh nu ngajak tarung, tangtuna ge nu dipake pakarang nya 
arit. Pokona naon bae nu deukeut nu bisa kahontal ku leungeun eta nu dipake 
pakarang. Barang nu bisa dipake pakarang teu salawasna aya di gigireun urang, 
sarerea ge nyaho eta mah. Nya keur jaga jaga, jelema baheula, jaman jahiliah, 
loba jalma jahat, rampog jeung sajabana, nya sawatara jelema sok mawa 
pakarang keur jaga jaga, paling henteu peso dapur nu panggampangna.
Pakarang nu dibabawa bari jeung hayang katempo ku batur, ngarah batur teh gimir 
ningalina nya diselapkeun di luar baju, peso disarangkaan tuluy diselapkeun 
dina beuteung atawa na cangkeng. Ngarah ketempo gaya nya si peso dialus 
alus kaasup sarangkana jeung perahna.
Naon anu nyelap dina cangkeng menak atawa kanjeng prabu? piraku obeng atawa 
peso dapur? tangtuna ge pakarang anu hade, alus katingalina, aya unsur seni na, 
jadi aya fungsi ganda, nyaeta hiasan, asesori. Kujang keur menak pasundan, 
keris keur menak jawa, urang jepang make samurai, na cangkeng pulisi ge aya 
pestol ditambahan pentungan. 
Ayeuna jaman keur damai teu kudu mawa pakarang sarupaning kitu. 
Ngan ketang "damai" dalam tanda kutip.
Pakarang jaman ayeuna mah lewih dahsyat, bisa bedil, meriam, bom.
Pakarang omongan jeung tulisan oge sarua dahsyatna, lain fisik tapi ahirna bisa 
jadi fisik.
 
Wasalam
kang Trias
 
       

--- On Wed, 6/25/08, ua duq <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: ua duq <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [Urang Sunda] re: KUJANG ku Tedi Permadi (2)
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Wednesday, June 25, 2008, 1:07 AM






kuring mah deukeut deukeut ka ngarasa, ayana kujang teh pagawean jalma
kasingsal mang. pedah keris geus diaku ku jawa heuheu... ketang ieu
mah kacindekan sagawayah, pedah can neuleuman. ukur manggih beja cenah
sagala hal ngeunaan kujang hese diteanganana. ..

On Wed, Jun 25, 2008 at 3:02 PM, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> On 6/25/08, mj <[EMAIL PROTECTED] ac.id> wrote:
>>
>>
>> Jumaah kamari di gd Indonesia Menggugat, kang Suryadi netelakeun soal
>> kujang
>> eta dina dipake gelutna.
>>
>> Cenah mah, sadis pisan. Kujang teh apan beda ti belati. Mun ditusukeun
>> teh,
>> belati mah mulus tapakna.
>>
>> Ari kujang mah, cenah sabab rupana kitu, atuh ari ditojoskeun kana
>> beuteung
>> teh, terus digitekeun saeutik, atuh amburadul eusi beuteung!
>>
>> Komo mun bari terus ditarik ka luar...
>>
>
> mun noong karakter urang sunda, nu cenah leueleus jeujeur liat tali,
> someah hade ka semah, asa patukang tonggong tah upama urang sunda
> mibanda pakarang nu SADIS jiga kitu. jeungna deui salila ieu, uing mah
> asa can manggih urang sunda gelut make kujang. kulantaran kitu dongeng
> di luhur leuwih jiga dipapantes, pedah waruga kujang loba kakaitna.
> jigana nu leuwih cocog mah, kujang ukur dijadikeun barang pusaka atawa
> hiasan.
>
> salam,
> mh
,___

-- 
d-: dudi herlianto :-b
~karék cénah~
 














      

Reply via email to