Haturan Baraya US kumaha daramang?

   _____  

Mopoek

Ku Kebo Hideung Griya Mitra Batik Kawalu Tasikmalaya  #Juni 2008

 

“Asa balik deui ka jaman baheula nya Mang?”

“Ari kitu kunaon Lo?”

“Enya we Mang ari geus kabagean pareum listrik asa jaman keur leutik.”

“Ohh..sugan teh naon,.. heueuh Lo puguh asa kaingetan, Amang mah baheula
boro-boro apal ka ngarana tihang listrik oge.”

“Ah piraku atuh Mang tihang-tihang listrik wae teu uninga.”

“Bener Lo..da jaman amang mah, jaman cempor atawa damar, sabehdieuna karek
aya diesel listrik, eta oge ngan ukur sabaraha jam caangna, da geus jam
satengan dua belas mah dipareuman dieselna.”

 

“Enya nya Mang, baheula mah bubuhan geus biasa mopoek teu kaget atawa teu
ngarasa sumpek, naha ari ayeuna sakalieun poek listrik tilu jam oge asa
eungap, komo pan ayeuna usum nanggap euro.”

 

“Matakna Lo sagala oge kudu dibiasakeun, da mun geus biasa mah moal matak
jadi masalah.”

“Kunaon atuh nya Mang, PLN teh asa ku ngagilir sagala, jiga anu nyandung
wae.”

“Cenah mah sumber listrikna teu cukup.”

“Teu cukup kumaha ari Amang ?”

“Aeh kapanan BBM naek, tah pembangkit tanaga listrik anu ngandelkeun BBM mah
ripuh atuh, sedengkeun PLN teu bisa naekeun harga listrik, jadi jalan
tengahna nya ngagilir.”

“Ohh..kitunya mang?”

“Heueuh kitu jigana.”

 

 

 


No virus found in this outgoing message.
Checked by AVG.
Version: 7.5.524 / Virus Database: 270.4.1/1521 - Release Date: 26/06/2008
11:20



No virus found in this outgoing message.
Checked by AVG. 
Version: 7.5.524 / Virus Database: 270.4.1/1521 - Release Date: 26/06/2008
11:20
 

Kirim email ke