punten ah ngiringan..
Kang Ema Nyerat : "kang..kumaha aya jampe supados leuweung urang awet teu 
dituaran? Pan gening di Kalimantan mah cenah tos seueur leuweung nu gundul….aeh 
di urang oge tah di Sancang Garut garundul.
kumaha ?"

Upami jalma asup ka leuweungna make Jampe, tangtu sakuduna mah ulah kalah 
ngaruksak Leuweung, komo dugi ka garundul mah...

Leuweung urang supados awet mah, sanes ngajampean Leuweungna, tapi jelemana 
kudu di jampean (kudu di ruwatna) kulantaran teu cageur, geus wani 
ngaruksak/nuar bari teu melak deui.

heheheh :)

  ----- Original Message ----- 
  From: Ema Sujalma 
  To: [EMAIL PROTECTED] 
  Sent: Wednesday, July 02, 2008 9:45 AM
  Subject: [kisunda] jampe


  sababaraha waktos kapengker kuring kopas jampe asup ka leuweung dilebetkeun 
kana blog

  "ari ngeusian leuweung sang si mirah jaja
  hurip ing macan sang si wirajayakala
  hurip ing badak sang wirajaya
  hurip ing banteng sang si bajulang
  hurip ing uncal bajabong
  hurip ing mencek sang si rego
  hurip ing celeng sang songeng
  hurip ing peucang sang ceuk
  hurip ing ganggarangan sang cala
  hurip ing oray sang batawa
  hurip ing landak sang loh
  hurip ing langgir sang muluh herang
  hurip ing jalan sang lmah herang
  hurip ing laut sang lmah jati
  hurip ing cadas sag luhur maja
  hirup ing dewa sang lahir
  hurip ing sagala ratu ning jurig sang si kanda
  hurip ing buaya sang jenar
  hurip ing kuya sang si maruga…"

  teras aya comment anu lebet kana blog kuring ngeunaan JAMPE ASUP KA LEUWEUNG
  pertarosan nana teh :

  kang..kumaha aya jampe supados leuweung urang awet teu dituaran? Pan gening 
di Kalimantan mah cenah tos seueur leuweung nu gundul….aeh di urang oge tah di 
Sancang Garut garundul.

  kumaha ?


   

Reply via email to