Ayeuna mah anu tiasa ngahiang teh nyaeta Koruptor..di Jakarta anu sakitu
bengrasna...tapi euweuh nu neangan....

On 7/3/08, Nana Suwargana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Kuring boga pangalaman nalika apruk-aprukan dileuweung garut, saengges
> ningali eta leuweung, beu......... matak pikarunyaeun.
> harita kuring kabeneran keur neangan kipayah di wewengkon garut kidul. pas
> namah di daerah Cibalong - Pameungpeuk. hiji waktu diajak ku babaturan nu
> asli urang dinya, urang ulin ka Batu Gajah, ayana di sisi basisir laut kidul
> asup ka daerah Miramareu kec. Cibalong.
> keur nuju ka eta tempat teh ngaliwatan leuweung gerotan ngarana leuweung
> Sancang. Ceuk carita urang dinyanamah leuweung sancang etateh tempatna Prabu
> Siliwangi nga hiang ailas leungit, duka tah bener henteu namah. Sanajan
> leuweung gerotan tapi bisa mawa motor sanajan kudu tisuksuk tidunggung
> ngaliwatan jalan satapak anu garihal, si kuringge sababaraha kali tisuksuk
> nyium taneuh. jalan etateh sok dipake nelayan atawa tukang ngusep di laut
> lalar liwat, jadi memang sok dipake liliwatan urang dinya.
> Ditengah leuweng bari ngarerehkeun kacape, panasaran hayang nyaho jerona
> leuweung sancang eta. panasaran terus tunga tengo rada asup ka jero
> leuweung. saenggeus asap kurang leuwih saratus meteran ti jalan satapak anu
> biasa dipake liliwatan, na ari brehteh geuningan lain leuweung, nuaya teh
> huma anu sabagean teu kaurus bari jeung di tengahna loga tunggul kai galede.
> Beu...... geuningan kieu nungarana leuweung sancang teh
> karunya pisan tah leuweung geus jadi huma bari jeung teu kaurus
>
>
> ----- Pesan Asli ----
> Dari: Ariyanto <[EMAIL PROTECTED]>
> Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
> Terkirim: Rabu, 2 Juli, 2008 22:24:12
> Topik: [Urang Sunda] orang utan
>
>  ngiringan prihatin kanggo leuweung di garut, kumaha atuh nu ngesian
> leuweungna, binatang sareng lelembutan nu aya, bade kamarana mun
> leuweungna gundul
>
>
> ------------------------------
> Yahoo! sekarang memiliki alamat Email baru
> <http://sg.rd.yahoo.com/id/mail/domainchoice/mail/signature/*http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/>
> Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan
> @rocketmail. br> Cepat sebelum diambil orang lain!
>
> 
>

Reply via email to