Teu karasa geuning kuring teh geus lulus ti SMP. Alhamdulillah, sok 
sanajan indung bapak kuring teu bisa ngabiayaan kalawan layak kuring 
bisa ngarengsekeun sakola di SMP kalawan hasil anu nyugemakeun. Ti 
kelas 1 nepi ka kelas 3 kuring bisa juara umum di SMP Negeri 4 
Tarogong Kidul Garut. 
Bapak kuring ngaranna Nasir Setiawan, pacabakan ukur tukang ojeg, tea 
ge tos ampir 3 bulan teu bisa narik da motorna reksak. Ema kuring teu 
gaduh pacabakan naon-naon. Janten ayeuna kuring teu gaduh biaya pisan 
kango neraskeun sakola.  Kahayang mah kuring bisa sakola ka SMK 
ngarah kuring bisa langsung gawe jeung boga kaparigelan dina 
nyanghareupan lahirupan.  
Guru kuring Ibu Atit, tos sababaraha kali nepungan kuring sangkan 
neruskeun sakola ka SMK atawa ka SMA. Ngan kuring ukur bisa 
narimakeun kana kaayaan. Najan kuring boga prestasi tapi teu gaduh 
acis mah geuning anger we ayeuna mah teu tiasa sakola. "Ibu Guru, 
wios ieu mah tos nanasiban abdi. Abdi teu tiasa neraskeun sakola. 
Sanaos abdi ceurik dugi kaluar cimata getih. Dalah kumaha da abdi mah 
jalmi teu gaduh...hapunten ibu!" kuring nyarita kitu ka Bu Atit bari 
teu kuat, mata kuring carinakdak. Cimata kuring cing garenclang dina 
mata, katahan teu terus budal jadi ceurik.
Duh. Gusti...nyanggakeun sadaya-daya...Anjeun langkung uninga kana 
naon anu karandapan ku abdi.  Andi hoyong teras sakola Gusti, mugia 
aya jalmi anu tiasa nulungan ka abdi....
Amien ya Allah Ya Robbal Alamien


Indra Setiawan
Murid SMPN 4 Tarogong Kidul Kab. Garut
Jl. Pembangunan Kp Bojong Awi RT 01/RW 08 Desa Mekargalih Kec. 
Tarogong Kidul.

(Manawi bade narulungan dulur2 kusnet, karunya ieu budak keyeng 
hayang sakola. Manehna siswa berprestasi, nilai dina raportna 90, 80 
aya 70 jeung 60 tapi ngan hiji dua. Mun barade nulungan kontak kuring 
di via japri, atawa lamun hoyong langsung trasfer ka rek BCA 
4460098063 a.n Deny Suwarja. Omat mun tos transfer, SMS ka kuring 
08562057000. Hatur Nuhun)

Kirim email ke