Bah Miid inohong nu dipikahormat di lemburna, jalmana soleh jeung berehan, 
tukang sumbung-sumbang kaditu-kadieu, komo ka masigit mah, da tanah masigit 
oge wakaf ti manehna. Hiji waktu manehna ngayakeun syukuran, syukuran 25 
taun "perkawinan" manehna jeung pamajikanana. Istilah kerenna mah salametan 
"kawin perak". Barudakna aya tiluan geus narincak dewasa. Nu cikal, awewe, 
malah geus rarabi najan anyar keneh oge.

Nu cikal ngagabrug sungkem ka Bah Miid, nyarita bari rambisak: " Abah miwah 
Umi, wilujeng ulang taun jatukrami nu ka 25. Seueur picontoeun  kanggo Abdi 
rarabi Abah sareng Umi teh. dina ngawangun kulawarga nu sakinah mawrdah 
warohmah ....."

"Nuhun geulis, Enung putra Abah, KULANTARAN ENUNG OGE, Abah jeung Umi JADI 
RARABI, ", Ceuk Bah Miid bari ngiceupan pamajikanana ......

Baktos,
WALUYA 

Kirim email ke